Showing posts with label Carpon. Show all posts
Showing posts with label Carpon. Show all posts

Saturday, October 20, 2012

Lalaki raheut hatena

LAMUN pareng keur cicing hareupeun hawu, bari meuleum sampeu, diharudung ku samping butut, teu poho ngelepus udud daun kawung, dibarengan ku hiliwirna angin isuk, teu poho cai kopi pait sagelas. Ari diuk luhureun jojodog, geus pasti bari milang katunggara, ngitung ka bingung. Da kusabab hate keur gudawang , lain kulantaran raheut kakadek bedog atawa kakeureut raheut ku peso. Da puguh ieu mah gudawangna oge lantaran kanyeunyeurian kusabab bebene direbut batur. Eh, lain direbut ketah, da puguh manehna hayangan kanu lain.

Lamunan tinggal lamunan, da geuning ari keur ngarandapan ka sedih mah naon anu katenjo ku panon teh sagala rungseb, nenjo ember siga tutunggul kubur, nenjo cai es rujah kalapa siga dahdir, nenjo mobil ge apan siga beca butut anu ngadon camberut. Diuk dina jojodog asa ngalayang kakalayangan, sok rus ras kana sumeblahna manah, asa hayang teuing ngajol ka jurang anu jero, atawa ngadagorkeun sirah kana tihang listrik. Cai kopi pait teh asa beuki pait, melel, geus teu wawuh deui jeung letah, bener…. sok hayang nyeblokkeun cai kopi kana rarayna anu geulis, nu geus ngaraketan hate, udud daun kawung mah geus puguh, da tidituna oge hangru, bau, asa mingkin hangru, hanyir nu aya.

Duh, asa poek mongkleng buta rata kieu alam dunya. Rek lumaku kaditu ka dieu geus teu sumanget, da sumangetna geus beakeun dipaokan ku bebene hate. Komo lamun leungen abus kana saku boh baju boh calana, duit geus beak, gajih sabulan teh ngan saukur beak keur mayar setoran Motor. Keuna ku paribasa nete semplek nincak semplak, kitu salah kieu salah, lamun awak keur tiis mah sagala rupa oge karasa tiisna;

Hate asa beuki gudawang, moal bisa diubaran ku karembong beureum, moal bisa dibeukeut ku samping kebat, nalika katenjo bebene hate pangupa jiwa pujaan manah keur digagandong ku kabogohna. Katenjo ku juru panon manehna meni suka bungah, seuseurian, atoh, gumbira, sedengkeun ari kuring ngadon ngolomoh curuk, bari reumbay ku ci panon ngalembereh kana pipi. Bener, katunggara euweuh tungtungna, hayang teuing anu digandong teh labuh, terus anu ngagandongna oge pipilueun labuh, salian ti labuh teh hayang teh sirahna diadu jeung batu cadas, terus katenggar ku tanduk munding mang Ganda. Kitu… hate oge jadi goreng ka batur, sirik pidik jadi cirina ati.

Keur ngadon ngalamun hareupeun hawu, gorowok anu jadi nini ngageroan. Duh, geus pasti rek nitah balanja ka Warung atawa maraban hayam jeung embe. Geus puguh awak asa lalungse, kari-kari dititah kudu ngalakonan nu karitu patut. Mending ngasupkeun sirah kana hawu jigana teh, maturan beuleum sampeu dina ruhayna seuneu anu marakbak. Ngan, ari ngalawan kanu jadi nini mah teu wani, da ceuk mang Haji Jajang ge eta teh dosa gede, sanajan keur gering hate, embung ari dikutuk jadi batu atawa arca kunu jadi nini mah. Kapaksa bari ngulapes-ngulapes oge nyamperkeun kanu jadi nini. Masih di harudum ku samping butut, beungeut mah geus puguh leuwih butut alabatan bubuturan jeung topo paranti ngepel.

Duh gusti…. Nini nitah ngala cai, kudu nimba di sumur Haji Ook. Mangkaning kudu ngaliwatan ka imah manehna. Rek ngala cai kanu jauh geus puguh waregah, kapaksa sanajan era jeung embung nenjo manehna oge ngala cai teh ka Sumurna Haji Ook. Ember dibawa meni beurat nakeran asa ngajingjing stum jeung beko, samping masih dipake morosot saeutik mah teu jadi masalah, da keur nyeri hate ieuh, buuk masih acak-acakan kusabab can mandi kana tilu poena, awak ngan saukur dibunian ku kaos sangsang kohok, geus teu sumanget barangpake ku papakean anu aralus teh, calana levis, baju cele, kameja jeung kaos merek ” Harley Davidson” mah geus teu dipalire. Komo make minyak seungit mah, dalah minyak merek ” Bulgary atawa Kenzo” oge geus teu ka ambeu-ambeu acan seungitna. Bulu kelek rangeteng siga hurang anu napel kana bulu bitis, teuing bau teuing heunteu da ku irung mah teu kaangseu-angseu acan.

Jantung ratug, manah sumeblak, nalika nenjo manehna keur sasapu hareupeun imah. Rek nguliseud ka pipir kaburu katenjoeun. Dada asa beuki rongkah kaduruk nalika manehna gugupay, lain ku lengueun tapi ku sapi nyere, ” Kang Kesinih….!” Pokna teh. Duh kieu geuning ari jalma leutik mah teu ku batur ku deungen pada ngahinakeun. Jigana dianggap runtah kuring teh. Disaruakeun jeung kalakay daun nangka.

Bari leumpang lalaunan hate dipinuhan ku amarah kapaksa ngadeukeutan manehna.
” Aa, maafin Ijoh ya!” Pokna semu kekelemesan.

Nepika katenjo taneuh beureumna oge, moal dihampura ku aing!!! Gerentes hate, da ngadak-ngadak jadi sebel atuh nenjo manehna sok sanajan ceuk batur mah manehna teh kembang desa, awewe panggeulisna, ayeuna mah katenjo ku kuring siga kuntilanak, ririwa, atawa bebegig sawah.

” Aa, mau khan Maafin Ijoh!!” Pokna deui, ” Aa, orangnya baek dweh!”

Ah, siahh… tong loba ngomong, haseum kadengena oge, komo bari luwu -lewe kitu mah, kagok borontok kapalang belang aing mah kumaha engke we, teu sudi ngahampura kana kalakuan awewe model maneh, awewe nu teu satia kana sabda, awewe nu sok jalir kana jangji, awewe anu gampang kabongroy ku harta jeung ku banda, awewe nu teu bisa ngahargaan kana cinta, awewe burunungul, awewe gelo, kitu hate ngagorowok tapi hese dikedalkeunana.

” Ya, udah… Ijoh mendingan nyapuin lagi buruan…!” Ceuk manehna, bari sasapu jeung teu nolih deui ka kuring.

Kuring ngajugjug bari ngagedir ku amarah ka sumur Haji Ook. Loba pisan awewe anu keur kukumbahan, nyeuseuh jeung ngala cai.

Bener…. asa hayang ngajol ngagujubarkeun maneh ka jero sumur mun teu nenjo kanu jadi nini mah. Nimba cai ge dipangpenkeun ember teh ka jero sumur. Kabeh anu aya didinya katenjo kagetna, malah ceu Itoh mah molotot sagala.

” Aduh… kunaon silaing teh Sujang…. kos anu kasurupan ku Mbah Lemud siah ngala cai teh. Eta kade ember bisi beulah!”

” Hampura , Ma!!” Ceuk kuring bari jung ngangkatkeun ember anu geus pinuh ku cai.

Ember ku kuring dilepaskeun, cai ngabayabah ngalembereh dina taneuh, bumi alam asa inggeung, kawas aya lini sayuta skala richter, tetenjoan ranyany kararoneng, geus teu inget kana nanaon deui, waktu nenjo manehna keur ngepel di barengan ku kabogoh anyarna. Silih simbeuh ku cai, saleuseurian, silih udag di buruan, malah si Pepen, kabogoh anyuarna mah siga nu ngahajakeun sok tual-toel kana kana gado manehna.

” Aa, Apen, ayo kejar , IJoh!!!” Pokna teh, bari ngadelekan ka kuring, siga nu ngahaja mapanas.

Kuring balik, ember kosong dijingjing, samping nyapuan taneuh, cimata ngeclakan euweuh beakna.

” Jang, kunaon ari nyaneh!” Ceuk nu jadi nini bari ngusapan kana buuk.

” Ujang teh nuju raheut manah, Ma…”

” Keun atuh da biasa ari nandangan nu kitu mah. Geus ah ngewa, era ku tatangga…”

Sajongjonan kuring cicing. Omongan nu jadi kolot aya benerna. Ucapan nini teu salah, raheut hate mah geus biasa, pasti tumiba ka sakuliah jalma. Tong boroning aing, selebritis oge loba anu putus cinta, jalma-jalma gede oge loba nu raheut hate. Gerentes hate.

Berebet kuring lumpat, muru ka Imah manehna. Geus teu panas deui ayeuna mah, waktu manehna silih udag jeung si Pepen.

” Ijohhhhhh……… Aa maafin neng!” Ceuk kuring ngagorowok. ” Aa.. ayeuna sudah boga semangat deui….!” Ceuk kuring poho samping nyingsat saeutik, ” Masih loba keneh ceuk ema oge awewe lain salian maneh Ijoh…!”

Manehna jeung si Pepen bati olohok ngembang kadu, mata simeuteun, nenjo kalakuan kuring anu kitu.

Bari ngeupeulkeun leungeun, kuring lumpat ka jalan, teu malire loba nu nenjokeun, terus ngagorowok, ” Aing Lalanang ti medan laga, lalaki ti tegal jurit, teuneung-ludeung moal honcewang komo ringrang, awewe masih keneh loba , awewe masih keneh loba nu nganti aing!! Ieu aing… lalaki sajati, nu moal eleh kusabab raheutna ati….!” Kuring gogorowokan sapanjang jalan.

Ceuk batur mah, kuring teh geus jadi jalma gelo da uanggal poe ngadon lumampah kaditu ka dieu bari gogorowokan, jeung ngucapkeun, ”Aing lalaki sajati….”.

(Ku Warsa.)

kalaras garing

kararas garing
Ieu carita lawas, kajadianana di hiji lembur tutugan pasir lok lok katelahna. Carita di mimitian ku ayana hiji tontonan di desa anu rada anggang ti lembur. Tontonan jaman harita jadi barang langka anu di tunggu tunggu hamper ku sakabeh jalma komo ku budak anu mimiti gedemah, saperti kuring jeung para balad.
Tontonan anu di anti geus nepi kana wancina rek di gelar dina peuting harita. Sorena kuring jeung balad janjian rek indit bareng ka panontonan. Silih sampeur geus jadi kabiasaan, nyamper balad anu tilu gampang da imahna padeukeuk, giliran anu hiji rada anggang lemburna tonggoheun lembur kuring. Najan kudu nanjak nyampeur manehna ka imahna kuring sanggeus kumpul terus nikreuh lempang nyampeur balag anu anggang tadi.
Gancang carita geus nepi ka imah balag anu di sampeur, henteu uluk salam malah kalah gogorowokan tijalan nyampeunateh ngageroan ngarana da kabeneran imahna teu jauh ti jalan. Ari nu di sampeur singhoreng can siap rek indit, cenahmah keur dahar keneh. Kuring opatan kapaksa kudu ngadagooan manehna.
Ari ngadagoanana angeur di jalan anu nanjak bari ngobrol antare pisan jeung tinglalejeg. Keur jongjon kitu pok balad 1 nanya bari nunjuk ka lebak “Ari itu nu di lebak naon?”. Kuring jeung anu liana terus merhatikeun anu di tunjuk ku balad 1 tadi, di sidik sidik ku kabehan bet jiga anu hirup guluang galeong ka kenca jeung kakatuhu warnana bodas kacaangan cahaya bulan. Kabeh euweuh nu nembal kalah terus nyidik nyidik nepi ka pok balad 2 satengah ngagorowok bari jeung lumpat muru ka imah balad anu keur dahar tadi “Ojoooo”. Berebet kuring tiluan lumpat nyusul balad 2 anu geus ti heula ngabecir, kabehan karek sadar saminggu katukang di tanjakan ieu aya kacilakaan anu menta nyawa saurang warga lembur di luhur ngarana Ojo anu maot sapada harita sanggeus nabrak tunggung nangka pas na lebah kalangklang bodas nu di tunjuk ku balad 1 tadi. Saksi anu ninggali tur milu mantuan mangku jasadna cenah sirahnage anenoy meureun bakat ku tarik ngabentur tunggul nangka anu teas.
Nepi ka lawang panto dapurna lain asalamualaikum, kalah eta panto di tubruk ku opatan nepi ka muka bakat ku sieun sieuna. Nu boga imah kacida kagetna nempo kuring opatan ngajoprak di dapurna silih tindihan hawa kusieun nubruk panto saengangna. Pok balad nu di sampeur nanya “Aya naon ieuteh nepi ka ting galoler kieu ?”. bari hariweusweus kuring nembalan “Aya jurig di lebak lebah tunggul Nangka”. “Ah teu percaya, hayu urang teang sakalian urang indit nonton”. Ceuk manehna euweuh kasieun jeung memang manehnamah henteu borangan.
Kuring opatan henteu gancang hudang kalah gek diuk terus menta nginum heula ngareureuhkeun kasieun heula. Geus rada lila pok manena ngajak deui “Hayu urang teang sakalian indit bisi peuting teuing !” ahirna kuring opatan cengkat bari jeung ngahayukeun, rada reugreug ari ari bareng jeung manehnamah.
Nepi ka jalan kalangkang bodas tadi masih aya keneh, reg opatan ngarandeug teu wani neruskeun lempang ngan manehna nu terus lempangteh. Ninggali kuring opatan eureun manehna ngarandeg heula bari malik pok ngomong “Hayu atuh naha kalah caricing”. Kuring opatan sabenerna masih can wani lempang tapi ninggali manehne terus ngalengkah ninggalkeun kapaksa kuring opatan nuturkeun. Beuki lila beuki deukeut kana kalangkang bodas tadi, bisa ninggali jelas eta kalangkang singhoreng ngan saukur kalaras garing anu endag endagan ka tebak angin.
Pok deui manehna ngomong “Ieumah lain jurig, ngan saukur kalaras nu matak ari jadi jalmamah ulah borangan borangan teuing bisi cilaka ku polah sorangan, jiga tadi untung euweuh nu cilaka”. Kuring opatan ukur nyalengir nembongkeun huntu anu rapi tur bodas hehe bari jeung silih salahkeun

Wednesday, December 29, 2010

Carita urang

CARITA urang, enya, ukur dongéng sakedapan. Nu sok datang ngaléndéan implengan, najan urang geus teu hayang kapahung dina laku nu namperkeun katugenah.

"Kahayang mah lila panggih téh," cék anjeun, harita. Sora nu teu pati pertéla, temahna mah ngagulidagkeun lambak nu mokaha, na jero dada.

Kuring unggeuk. Teu wasa ngahulag ka nu rék mulang. Lain teu hayang, tapi teu boga hak pikeun nyaram.

Pasosoré nu biasa. Taya layung atawa girimis nu biasa sok dijieun panganteb suasana dina hiji carita cinta, ti alam pilemburan nu geus arang kaanjangan. Ukur aya patalimarga nu teu reureuh, sapanjang jalan nu butbat di ieu dayeuh. Ditambah sora-sora galécok, dina haté. Sora-sora nu teu bisa diperuhkeun, ku maliré perkara lian nu ngahaja dibetot dipikiran.

Anjeun téh lain sasaha, najan enya kungsi ngawasa ieu rasa. Lalakon geus dipadakeun, dina wirahma pamungkas hiji lagu kangungun. Teu kudu néangan lebah mana salahna, da nu diaku bener gé boa ukur sakadar angkeuhan. Ukur keur ngabeberah rasa nu kalan-kalan hésé néangan alesan ku naon urang kudu terus ngajarumat tineung, sabot dina kanyataan nu namper ukur boa jeung biheung. Jiga basa urang tepung pikeun kasakitu kalina, di tempat nu béda. Mangsa urang keur réa alesan pikeun nganteur kahayang, najan geus yakin nu dilakonan téh lain hancenganeun urang.

"Manéhna keur ka luar kota, jigana aya kana samingguna," sora anjeun lir ngaweuhan dina sumpeg dada kuring.

"Tapi urang angger teu bisa lila patepung."

Anjeun tanggah, "Naha?"

Sorot panon nu teu robah ti keur jaman kuliah. Sorot nu teu weléh nangtang sakaligus sumerah.
Teu bisa némbalan. Jeung deui anjeun gé tangtu surti, yén teu kabéh patalékan merlukeun pisan jawaban. Kapanasaran tina galeuh kaguligah, éta pisan kapan nu remen jadi tanaga sangkan urang tepung deui; sangkan urang teu leungiteun pangjurung saméméh mapaykeun sepi.

"Cinta téh kulambu hideung, lain wungu. Nu jadi wates kateuneung, sabot silung hiji lagu."

"Emh, penyair kapalang. Puisi keur saha éta?"

Kuring netelkeun curuk kana dada anjeun nu beuki ngangseg. Anjeun seuri. Napas anjeun antel kana biwir panon kuring.

"Teruskeun ulah?"

Napas anjeun karasa turun kana irung, terus kana biwir.

"Ulah, puisina gé teu éndah ieuh."

"Geuning baréto kungsi muji basa di kampus?"

"Pédah wé karunya, geus nyajak euweuh nu muji."

"Jadi kumaha atuh?"

"Jejewét wé keretasna."

"Nyaah."

"Teruskeun atuh."

Hégakna karasa panas.

"Hiji ranjang tempat urang remen tepung, ukur dunya nu saules jeung impian."

"Kitu nyah?"

"Meureun."

Geter biwir anjeun nyaliarakeun peurah, "Remen pisan aya sora nu nyalukan, sapanjang lulurung jempling. Nu terus jadi karaha dina méméncos jarum jam. Sabot wanci aya di luar itungan. Sabot langlayangan peuting rangsak na tungtung kapakan."

"Langlayangan peuting? Jiga dina kawih éta mah." Ras kana hiji lagu. Heubeul pisan teu ngadéngé laguna. Lagu nu remen dihariringkeun ku anjeun baheula.

"Baé. Niron saeutik."

"Maksudna bulan?"

"Enya, bulan nu pejét sanggeus dialungboyongkeun angin."

"Angin naon?"

"Angin hideung. Angin nu taya pisan rasrasan."

"Naon maksudna?"

"Naon wé, moal dibéja-béja." Anjeun ngégél biwir kuring.

Kuring muringis, anjeun mah kalah seuri. Terus cengkat, turun tina ranjang.

"Mémangna aya angin hideung kitu?"

"Éta sugan, aya kitu kulambu hideung?"

Heueuh, kekecapan ku bisa dirugal-rigel, pikeun ngungkarakeun hal nu bakal kacida nyiksana mun dikedalkeun saujratna. Naha urang sok terus jiga nu betah diulinkeun kaguligah? Naon nu karasa méméh tepung, kalan-kalan sok tambah parna sanggeus urang pajonghok téh. Lain terus cageur.
Harita, sanggeus urang duaan ngalamun rada lila, anjeun terus nangtung, rap maké pakéan. Teu dangdan deui jiga biasana, anjeun anggur melong ka luar jandéla. Melong lampu-lampu nu baranang.
"Bangun rék saendeng-endeng katiga."

Di buruan kekembangan katémbong alum. Padahal mah meureun sok remen dicéboran ku patugas hotél.

"Moal lila gé usum hujan. Terus banjir," cekéng, tamba.

"Teu bisa dipastikeun ayeuna mah usum téh. Séptémber nu kuduna usum hujan, ayeuna mah teu sakeprul-keprul acan."

"Engké gé bakal hujan mah atuh."

Anjeun malik,"Teu kudu dicaritakeun atuh éta mah. Pan sagala rupa gé papasangan."

"Enya. Poék-caang. Beurang-peuting. Awéwé-lalaki.

"Bungah-susah. Aya-euweuh..."

"Naon deui?"

"Mémangna kudu disebutan kabéh?"

"Cukup tepi ka aya jeung euweuh?"

"Hmm. Dua kecap éta bisa ngawakilan sakabéhna. Nu aya jeung nu euweuh."

Heueuh. Tapi kalan-kalan urang sok maksakeun karep, nu euweuh diaya-ayakeun, nu aya dianggap euweuh.

Najan aya nanaon na haté urang, datang ka imah mah kudu disina euweuh, sangkan nu aya teu dianggap euweuh. Anjeun gé meureun sok aya nu nanya, enya batur saimah, mun pareng mulang ti tempat urang tepung, hég di imah nyampak manéhna. Jiga mun kuring mulang. Mun di imah kabeneran aya manéhna nungguan.

"Tas ti mana heula?" kitu biasana.

"Rapat perusahaan," teu loba carita.

"Ku naon bangun nu teu sono?" cenah mun kuring terus ka dapur, muka kulkas, nginum citiis.
Cukup ditémbalan ku seuri, terus disampeurkeun. Méméh gék diuk gigireunana, leungeunna mah sok geus ngaléng kana cangkéng. Terus ngaléndotan.

Kuring mah bet sok inget ka anjeun.

"Teu kudu inget salalawasna." cék anjeun hiji waktu.

"Naha?" Ih, naha kuring maké nanya?

"Pan urang téh geus lain rumaja nu kudu hantem nganteur implengan," cék anjeun.

Aya waktuna tepung, aya waktuna kudu nyalindungkeun kakangen. Kitu meureun maksudna.
"Basa éta hampura nya, teu kaburu nelepon-nelepon acan. Salaki ngadadak balik ti Jogja. Awakna paranas. Ngadadak ogoan deuih, hayang diusapan sapeupeuting." anjeun tungkul. "Di Jogja téh cenah inget waé ka nu di imah. Sono hayang gancang balik."

Kuring ukur neuteup panon anjeun, nu katémbong rada beueus. Sapasang panon nu kiwari keur satékah polah dipopohokeun. Lain dipopohokeun sina leungit tina pikiran, tapi diperuhkeun sangkan teu terus népakeun leugeut nu matak tibelat.

Hawa Jakarta karasa bayeungyang. Di buruan hiji kafé, simpé jadi bagian tina lagu jazz nu antaré milu ngawilah-wilah gerentes haté. Réa nu hayang diomongkeun téh, jiga basa urang baréto kapaksa kudu papisah. Jiga basa kuring hayang ngajorowok satakerna, sangkan sora bisa meuntasan legana sagara, sanggeus ngarasa yén urang biheung bisa deui panggih. Ukur ku hiji kajadian nu teu disangka urang tepung deui téh, di kota ieu, sanggeus nyorang mangsa nu teu bisa dipungpang milu ngarobah ringkelna gurat nasib.

"Akang gé da basa éta téh malah teu asup gawé, nganteur nu di imah ka dokter, dipariksa kandungan."

"Geus sabaraha bulan cenah?"

"Tilu."

"Kadé ulah sina digawé beurat. Kudu loba istirahat, rentan kénéh tilu bulan mah." anjeun mapagahan. Ramo-ramo anjeun gep dicekel. Teu ngépéskeun anjeun gé. Malah malik ngaranggeum, tapi asa bangun biasa ranggeuman téh.

Kuring surti. Ngucap nuhun kana sagalarupa nu geus kaalaman. Anjeun unggeuk, terus ngalieus. Nyumputkeun cipanon.

Geus pasti bakal aya nu robah dina poé-poé nu bakal datang. Dina sésa lalakon. Najan basa anjeun ngadius ka kulonkeun, tur kuring mulang ka wétankeun, di tetengah tempat urang pataréma leungeun bari satékah polah nyumputkeun geter séwang-séwangan; urang babarengan nancebkeun kayon. Lain tetengger, da puguh taya nu bisa dikubur. Ukur ciri, yén sakabéhna kungsi aya, tur kungsi jadi banda nu ngalengkepan hiji carita. Carita urang nu kalayan sadar kudu dipunggel lebah dinya. (*)

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"