Masalah Dina Kahirupan

Nu ngarana hirup mah moal leupas tina masalah, teu ninggali jelema beunghar, miskin, kasep, geulis, pinter, bodo, deuk urang gunung deuk urang kota pasti aya bakal aya masalah mah. Jadi inget omongan guru baheula pas keur masih diseragam SMA, jadi definisi masalah ceuk anjeuna mah ''sagala rupa nu teu diharepkeun''. Contona kieu we supaya ngalartieun budak ngora jeung kolot mah, lamun urang boga kabogoh tuluy hayang putus pek teh diputuskeun ku kabogoh teh, tah nu kitu teh lain masalah, nu disebut masalah teh lamun urang boga kabogoh heg nya'ah nepikeun ka embung ditinggalkeun terus ku kabgoh urang teh diputuskeun, tah nu kitu nu disebut masalah teh.

Ti mimiti budak nu karek borojol nepikeun ka jelema nu geus bau taneuh aya masalah mah, tapi beda tingkatanana. Tong sieun teu kudu bingung sing hareupan we masalah mah dina hiji wanci ge bakal beres sorangan.
Tapi lolobana jelema mah sok lumpat tina maslah, nu akhirna itu teu beres nu anyar malah datang beuki numpuk weh.
Ceuk kuring mah masalah nu paling bingung jeung beurat teh lamun aya masalah tapi urangna teu apal kudu ngalakukeun naon.

Lamun aya masalah paling ngeunah ngadeukeutkeun diri ka gusti nu maha suci, tuluy ngabantuan ka jelema nu butuheun, atawa hangout (ceuk basa araringisna mah) bari nafaquran hirup jeung retropeksi diri. ceuk lagu last chil mah ''jadikan semua ini satu langkah dewasakan diri''. Hayu ti mimiti ayeuna mah urang babarengan ngabebenah diri.
Mugi urang sararea dipaparinan kasalametan, kasehatan, kabagjaan, jeung hidayah ku gusti allah nu maha kawasa.
Amien.

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"