Wangsit Siliwangi (anu lengkep)

(Sumber :  http://ncepborneo.wordpress.com/2009/06/14/wangsit-siliwangi-anu-lengkep/)
Tah ieu nu disebut Wangsit Siliwangi nu saestu na
Wangsit Siliwangi nu lengkap

Urang kotjapkeun deui Radja
TJeuk Injana :
Batur batur, dulur dulur !
Kabeh sanak djeung sakabeh kadang !
Darengekeun !
Sedja ngaing teh eudeuk njabrang
Mawa dia kabehan ka Nusa Larang
Deuk ngadeukkeun deui dayeuh tengah sagara !
Tapi eta laut
Ngadak ngadak tjaah motah kabina bina !
Lengser !
Naeun eta teh kila kilana ?
Boa boa
Urang teh ditjaram njabrang
Mudu marulang deui meureun
Pieun nantang musuh makalangan deui !
Kitu tah Lengser ?
TJeuk Si Lengser :
Gusti ! Geuning heueuh
Ayeuna mah tetela djasa !
Itu geuning natrat dina urat ombak
Dituliskeun dina buih
Lalakon urang the
Ngan datang kalebah dieu !
Urang kabeh ditjaram
Hanteu meunang njabrang ka Nusa Larang !
Lain njabrang urang anu dilarang
Tapi urang tjitjing di Nusa Larang !
Sabab
Tah dengekeun tah !
TJeuk gaur ombak neumbragan karang
TJeuk guruh angin di tengah laut
Baruk engke djaga
Eta Nusa teh
Bakal dibogaan deungeun
DJadi pieun nu perang !
TJeuk Radja :
Lengser kuamaha atuh ?
TJeuk Si Lengser :
Teu kumaaaaaaaaaha ….
Geus kieu meren muduna !
Saaaaha anu bisa mumpang papasten ?
Sabab papasten teh
Nja eta wates
Wates djaya wates apes
Wates hirup di alam hirup
Wates paeh di alam paeh
Wates paeh di alam hirup
Wates hirup di alam paeh !
TJeuk Radja :
Aduh Lengseeeeer …. !
TJeuk kabehan urang Padjadjaran, sakabeh dibarengkeun :
Aduuuuhh …… Huhuh …. !
Gauk ! Kabehan pada tjeurik
Sakarep sewang sakarep sewang
Sakabisa injana sakabisa sewang sewangan … !
Da puguh djaman harita mah
Euweuh aturan ti Nagara
Anu mudukeun kumaha muduna tjeurik !
Tapi sanadjan aturan kitu
Euweuh aturan ti Nagara
Aya tjeurik
Anu hanteu meunang diantep bae !
Nja eta
Kahidji tjeurik sabari maledogan kenteng tatangga !
Kaduwa tjeurik menta dibalikan deui ku popotongan !
Ladju tjeuk Radja ka sakabeh anu tjeurik :
Lalakon urang
Ngan datang ka powe ieu !
Nadjan dia kabehan ka ngaing pada satiya
Tapi ngaing teu meunang mawa dia kabehan
Kabawa bawa ngilu hirup djadi balangsak
Ngarilu rudin bari lalapar !
Dia ayeuna mudu marilih
Anu hade pieun dia sewang sewang hirup kahareupna
Abeh bisa deui harirup bari
DJebar senang sugih mukti
Abeh bisa deui
Ngadeugkeun deui Padjadjaran
Anu hudang ku panasaran
Tapi napak deui uga … !
Lain Padjadjaran tjara kiwari
Tapi Padjadjaran Tengah anu anjar
Nu ngadegna
Digeuingkeun ku obahna djaman … !
Ayeuna dia mudu marilih
Ngaing nu nitah ! Sabab pieun ngaing
Hanteu pantes djadi Radja
Ari somah sakabeh
Rapar bae djeung balangsak
Sagala hese sagala euweuh … !
Darengekeun !
Pilih !
Ngaing moal ngahalang sabab ngaing anu nitah milih !
Anu eudeuk ngilu bae ka ngaing
Geura misah ka beulah
Kidul …. !
Anu hayang mulang deui
Ka dayeuh panineungan
Geura misah ka beulah
Kaler …. !
Ayeuna darengekeun
Sakur anu sedja eudeuk kumawula ka nu keur djaya
Geura misah ka beulah
Wetan …. !
Ngaing hanteu njaran !
Anu moal ngilu ka saha ka saha
Geura misah ka beulah
Kulon …. !
Ladju pada marisah
Marisah sabari tjeurik …. !
Malah aya anu tjeurik
Sabari atoh …. !
Tapi panglobana mah
Anu tjeurik sabari sedih nu enja enje !
Da enja sedih
Sedih di hate tembus di sukma
Sabab kapeurih sesedih arinjana
Ngan njeuri njeunjeuri sukma
Tapi raga
Teu walakaya hayang bebela
Melaan Radja djeung Nagara !
Melaan Padjadjaran djeung Bangsana
Nu runtang ku Ganti djamana …. !
Pabaliyutna mararisah
Nu marisah ka beulah kaler
Nu marisah ka beulah kulon
Nu marisah ka beulah kidul
Heung nu marisah ka beulah wetan … !
Anu pangkedikna
Anu marisah ka beulah kaler !
Anu panglobana
Anu marisah ka beulah kidul !
Anu pangaratohna ?
Anu marisah ka beulah wetan !
Aratohna ?
Sabab didjaman anu ngaliwat
Basa arinjana djaradi pangkat
Ku Radja hanteu kapake
Ku somah teu dipikaresep !
Ari gawe di urut musuh mah
Sugan beeeeee …. ?
Da musuh geh musuh Radja
Musuh somah Padjadjaran anu sapikiran eudjeung Radja !
Apa ari arinjana mah
DJaradi musuh the
Ngan sakur pipilueun !
Sugan beee ari kumawula ka urut musuh mah
Boga deui pangkat anu leuwih ruhur
Leuwih kawasa leuwih seneng
Leuwih babari niyar kabeunghar …. !
Loba anu aratoh ngabadega ka urut musuh ?
Hanteu loba, kedik !
Tapi mahi pieun engke djaga
Njunjusah Bangsa Sunda
DJaradi gara gara
Sina Sunda pagirang girang tampiyan … !
Kumaha Si Lengser ?
Injana hanteu misah tapi ngadjentul tengah tegalan !
TJeuk Radja :
Lengser !
Ka mana dia eudeuk misah ?
TJeuk Si Lengser :
Kaula mah euweuh piliheun … !
TJeuk Radja :
Anu anggeus mararisah
Sewang sewang ngaradegkeun tilu kolot !
Ladju marilih kolot
Saban rombongan tilu kolot !

Ladju tjeuk Radja, ka tilu kolot nu beulah wetan :
Dia heula ka dieu !
Sing parek ! Darengekeun !
Masing njaraho :
Kadjayaan milu djeung dia !
Rawayan djeung dia
Engkena bakal marentah
DJaradi pangkat di tanah Sunda !
Arinjana baris kamalinaan !
Di buritna baris keuna babales !
DJig ! geura narindak !
Nu di tegalan di beulah wetan ladju narindak
Narindak ka beulah wetan
Dina sedja rek kamawula
Tapi karep
Eudeuk marentah
Deuk marentah pada Sunda !
Tapi paroho
Baris dibales ku urang Sunda !
TJeuk Radja ka tilu kokolot ti beulah kulon :
Papay ku dia latjak Ki Santang !
Sabab engke djaya
Rawayan dia mudu djaradi panggeuing
Ka batur batur urut salembur
Ka dulur dulur anu baheula
Njorang saayunan eudjeung dia
DJeung ka sakabeh
Bangsa Sunda rantjage hate …. !
Engke djaga amun tengah peuting ti gunung halimun
Ku arinjana kadenge sora nu tutulungan
Ku arinjana
Kadennge sora nu tutulungan
Tah eta tanda nu teu sulaya
Gunung Sunda baris ditjengkal deui !
Tapi gunung kuta
Sapaliheun djeung gunung kutu
Ku djelema ngaku ngaku urang Sunda
Anu kamalinaan dina keur sasar
Mamaksa sina … Uga
Ngawaruga samemeh wayah ….. !
Ulah rawayan dia beunang ssisambat !
Tapi memang arinjana baris kapadaya heula !
Lantaran leungiteun haneuleum …. !
Hanteu aringet deui :
Wayah saenjana lebak tjawene
DJadi nggon pindah pangawinan
Dibalabarkeun heula ku
Di wayah djanari gede
Rame sora tutulungan ti gunung lampung
Ladju ti gunung halimun
Kadenge sora gogo ongan ….. !
Darengekeun !
Amun engke ti ki hara papak datang bedja
Budak angon geus sisingkil
Rawayan dia geus mudu sasadji pieun nindak !
Ulah sina salangke !
Sabab talaga bakal baredah
Lantaran monjet monjet embung parindah … !
DJig geura narindak !
Anu sasadiya ti tegalam beulah kulon ladju narindak
Narindak madju ka kulon …….. !
Darengekeun !
Masing njaraho
Ku dia
Moal kasampak dayeuh amu disedja
Rawayan dia
Lobana bakal hirup djaradi somah !
Amun aya anu djeneng djadi pangkat
Bakal ruhur pangkat injana
Tapiiiiii hante boga kakawasaan !
Arinjana bakal di aradukeun
Diaradukeun ku urang wetan
Sina maseyaan urang wetan
Sina maseyaan urang kulon
Dipaseyaan ku urang kaler
Dipaseyaan Sunda ti kaler
Dipaseyaan Sunda ti wetan …. !
Lawan …. ! Sina ngaralawan !
Sabab Padjadjaran Tengah
Baris mudu ngadjadjar deui di tengah tengah
Sakabeh teureuh dayeuh rawayan dia
Moal aya anu beunghar lantaran bener
Moal aya anu djembar lantaran hade
Nadjan leuwih loba pangabisa
Nadjan unggul pangaweruh
Hanteu arinjana diadjenan ku Sunda sedjen !
Sabab anu ngahaharuwan
Pada sirik lantaran bodo
Sariyeun kaelehkeun dina pangaruh !
Keun bae !
Engke oge datang wayah
Rawayan dia baris djaradi lulugu
Ngaharudangkeun Bangsa Sunda
Anu harees bae kaheesan
Bari diyuk kangeunahan
Sakabeh rawayan dia
Ku kaula bakal dihalang !
Tapi ngan anu harade dilampah
DJeung harade dina sinembah !
Sinembah arinjana mah
Deuk kumaha deuk saha ogeh
Ari sinembah njumerep sukma mah
Moal djadi bahan kaula milih asih !
Sabab tjeuk sakabeh anu sinembah
Sinembah anu kumaha ogeh
Anu ku arinjana disembah dipundjung pundjung
The apanan
Anu ngan sahidji …. !
Anu dina basa urang disebut Anu Nunggal !
Nja eta
Anu ngan sahidji dina wudjud
Anu nunggal dina wudjud …..
Tapi
Dibedakeun ku sebutan
Dina basa nu beda beda … !
Kaula bakal datang ngalanglang
Pieun nulungan nu barutuh
Pieun mantuwan anu sarusah
Tapi ngan sakur anu Sunda di Padjadjaran
Bari Padjadjaran anu Sunda
DJeung narunda dina sukma …. !
Di waktu kaula datang ngalanglang
Kaula datang hanteu kadeuleu !
Amun kaula njarita
Sakur anu ngaku ngaku kadatangan kaula
DJeung madjarkeun
Injana neuleu kaula
Atwa ngadenge kaula njarita
Masing di njaraho
DJelema kitu teh djelema sasar madju ka edan !
Bisa oge injana the kadatangan
Tapi ku sukma anu ngaku ngaku tjeunah kaula !
Masing dia njaraho
DJelema kitu the
Kasandingan nu njiriwuri !
Kaula datang
Teu ngarupa teu njawara
Tapi mere tjiri
Ku wawangi ….. !
Kitu oge ngan ka arinjana
Anu geus rantjage dina hate
Eudjeung weruh dina semu anu saestu
Bari ngarti
Dina wangi nu sadjati
Eudjeung pikir surti lantip
Dina lampah anu hade ……. !

regepkeun !
mimiti ti poweieu
powe katudjuh bulan katudjuh
dina tahun ka 57 kaula djadi Radja di Padjadjaran
mimiti ti powe ieu
Padjadjaran pindah djagat pindah alam
pindah ka djagat papantunan
pieun langgeng hirup
djero alam panineungan …. !
Padjadjaran leungit ti djagat kadjayaan
leungit dayeuhna
leungit ngaran Nagarana
leungit ka basa basana ……. !
leungit basana
mawa leungit ka bangsa bangsana … !
Padjadjaran undur tina panggung Ka Agungan
nalasan alas panghiyaman
tapi dina nindak pindah djaman
Padjadjaran moal ninggalkeun latjak
sedjen ti ngaran pieun nu mapay … !
sabab bukti bukti nu kari oge
bakal dipararungkir dimarusnakeun … !
tapi engke djaga
bakal aya nu njariar
njaroba njoba sugan kaguwar
harayang ni,u anu geus leungit
nja hanteu loba anu kapanggih
djeung ti loba anu kapanggih
loba djasa anu teu kaharti !
sabab dihartieun
ku arinjanan anu teu ngarti
tapi harayang disarebut ;oba pangarti !
tapi arinjana mah teu dipertjaya
sabab ku nu arieu ngaing pinter tapi barodo
tjarita arinjana anu bener
dipadjarkeun mangmenangkeun Padjadjaran !
loba anu njararoba
harayang muka rahasiahna Padjadjaran
tapi moal eudeuk kabaruka
sabab tulakna
pageuh dikeukeuweuk Budak Angon
anu imah injana di birit leuwi
dipantowan batu satangtung
kasiyeuman ku haneuleum
kakalangkangan ku handjuang !
sabab
atjan wayah
pieun ngalalakonkeun
Padjadjaran ngamuk ngarakrak panggung !
beuki loba anu maruruh
tambah loba anu katimu
tapi sabagiyan sabagiayan
anu beuki bae hanteu kaharti
da salalah njabung njabungkeun !
atjak atjakan m=ngadjamkeunnana !
djeung dina maruruh
harayang marapay bari diharuwapan !
mapay latjak Padjadjaran mah
mudu bari rubak amparan !
djeung mudu araredan heula
ngarilu edan edanan
dina djaman sagala edan
da ngan ti nu keur eeedan !
tembong netrat ka hanteu bener teh !
anu dina njaruktjuk bari njaksrak
hanteu pipilueun e edanan
ngan arinjana anu diluluguwan Budak Angon
sabab ngan injana
anu weruh di semuna
bari njaho di djogona
da injana mah
lain ngangon kebo disampalan
lain ngangon badak di alas tangtu
tapi kalakay
nu babalatak hanteu dirawat
di patilasan patilasan teu puguh ngaran !
loba anu katimu ku arinjana
tapi loba anu ku arinjana disumputkeun heula
sabab atjan wayah mudu ditjaritakeun
nadjan geus raraog
mararenta dilalakonkeun … !
sabab budak angon mah njaho
dina mangsa anu baris datang
baris ti djelema djelema tjaropot kedok
rahasiah mararuka sorangan
da ngan injana
anu njaho lalakon na
bari tenget
ka sakur nu di djaman edan araredan
pada pada keur ngalalakon
dina panggung sarwa sulaya !
tah eta budak angon nu eta
anu engke djaga baris murwa lalakon anu saestu na
bari ngadjadjarkeun deui Padjadjaran
tengan tengah djaman Bangsa Sunda
ngalaleungitkeun DJiwa Sunda !
tapi mudu ngalaman heula loba lalakon
anggeus njorang undur djaman datang djaman
saban djaman mawa lalakon
kebelna saban djaman
anu datang piligantian
saruwa djeung wayahna giliran
daratang sukma anu mudu
njukma
ngusumah
eudjeung nitis
eudjeung wayahan Raga Dipindah Sukma
darengekeun !
nu kiwari ngamarusuhan urang
djaradina Radja teh
ngan baris datang ka wayah
tanah bugeul sisi tji banten
didjieun kandang kebo dongkol !
tah mimitian ti lebah dinja
sakabeh Nagara nu araya
baris djadi sampalan
sampalan kebo anu barule
nu diangon
ku djelema djangkung
nu tutundjuk di alun alun !
ti harita
sakabeh Radja dibeleng
ditaliyan ku kembang tjengkeh
dibeungkeut ku buah pedes … !
aya Radja radja
anu katalian ku djangdji sorangan
aya Radja radja
anu kabalenggu sabab katipu
aya Radja radja
anu katalikung sabab ngilu ngilu ulubiung !
geus kitu
ladju kebo bile njekeul bubuntut
bangsa urang narik wuluku
ngan hanteu karasa marudu narik
sabab murah djamang seubeuh hakan
geus kitu
intju intju kebo bule
anu hararideung bari peta eudjeung rupa
teu beda kunjuk kunjuk di gunung njungtjung
rasa arinjana leuwih munding ti kebo bule
ladju ngaragolan bangsa urang
narumpakan wuluku dina pasangan !
bangsa urang ladju lilir
bari eungeuh djaradi badega didjiyeun kebo
tapi hanteu kaburu marudah
sabab ti kaler eudjeung ti kulon
datang mantera monjet monjet pararengkeh
ngabuburak kebo bule ti sampalan !
bangsa urang ngeunah seuri
tapi seuri urang Sunda
teu kaburu anggeus
sabab alun alun pada suwung
sampalan dirandjah monjet
warung warung dirandjah monjet
sawah sawah dirandjah monjet
huma huma diatjak atjak monjet
tjawene tjawene
rareuneuh ku monjet … !
sagala gala diawut awut ku monjet !
djelema siyeun ku monjet
sarariyeun ku djelema nu djiga monjet
sarariyeun ku djelema nu momonjeteun
sarariyeun ku djelema nu momonjetan
sarariyeun ku djelema nariru niru monjet
tapi masih bae hanjeu kedik
anu marudja
engkena djaradi monjet !
ladju panarat ditjekel ku monjet
bari diyuk tina tjatjadan
wulukuna mah
ditarik mudu ku urang ku urang keneh bae !
tah di djaman eta
bangsa urang saeutik hakaneun djeung pakeueun
loba djelema paeh kalati
loba lalaki paeh teu bukti
loba tjawene didjidjieun pangrepeh
lain hanteu warani
tapi atjan wayah pieun njekek monjet monjet
sanagara ngarep ngarep pelak djagong geura saumur
ngarep ngarep bari hanteu arareungeuh
djaman teh geus ganti lalakon
sabab hawar hawar
di tungtung sagara kaler pang kalerna
ngagulugur ngaguruh harus … !
Garuda megarkeun endok di kandang monjet
gendjlong saamparan djagat
ari di urang ?
rame ku nu ngarora eukeur marangpring
prang pring sabuluh buluh gading
dina perang madju ka suda …. !
monjet monjet ngararumpul pating rumpuyuk

Ladju ngamuk bangsa urang
Tapi ngararamuk teu make aturan
Loba anu pararaeh teu boga dosa
Puguh musuh didjieun batur
Puguh batur disebut musuh
Ngadak ngadak loba nu djaradi pangkat
Tapi mararentah tjara nu edan
Nu baringung beuki baringung
Nu teu bingung djadi bingung
Budak satepak djaradi bapa
Nu ngaramuk beuki loba beuki rosa
Mani saheng sanagara
Sabab anu ngaramuk
Hanteu beda tawon dipalengpeng saying
Sakur anu hanteu sapikiran sapangadegan
Nadjan teu biluk ka musuh oge
Ladju bae disebut musuh
Dating ka tambah loba
Ani diparaehan teu puguh dosa
Sabuwana didjidjieun djagal
Sabab nu sabangsa eudjeung urang
Ladju perang
Ngalawan 12 bangsa ti 5 nagara
Tapi kaburu disapih
Ku nu daratang ti tanah sabrang
Ladju di urang ngadeg Radja
DJelema n amah djelema biasa
Ngan disarebut
Hanteu puguh indung hanteu puguh bapa
Tapi saenjana mah
Memang titisan !
Titisan sukma Radja djaman baheula
Tapi ngindung
Ka Putri Dewata bangsa kadewan
Da puguh titisan Radja
Radja anjar
Hese apes ku rogahala
Ti harita
Ganti deui djaman
Ganti djaman ganti lalakon
Iraha mimitina ganti djaman
Ti mimiti ngadeg Radja
Iraha mimitina ganti lalakon
Hanteu kebel
Anggeus tembong bulan ti beurang
Di susul kaliwatan
Ku bentang gede tjaang ngagentjlang
Di urut Nagara Padjadjaran Girang
Ngadeg deui Karadjaan
Tapi nu djadi Radja
Lain teureuh Padjadjaran eta
Di urang ladju deui aya Radja
Tapi Radja para Buta
Diponggawaan ku buta buta
Nu djadi Radja
Lain bae buta duruwiksa
Tapi buta oge teu bisa neuleu
Buhaya eudjeung monjet
Utjing garing eudjeung adjag
Ngarowotan somah bari disangsara disusah susah
Karesep eta Radja
Diagung agung diugung ugung
Ngadegkeun panto
Teu bisa molongo
Ngadegkeun lawang
Teu bisa muka
Miyara heulang dina tjaringin
Njinjieunan pantjuran ditengah djalan
Da Radjana …. Radja panjelang
Da ngaran geh djadi Radja
Karesep sakahayang injana
Hanteu meunang ditjaram hanteu meunang dihulag !
Sakalina aya anu wani ngageuingkeun
Anu diporog ku ponggawa buta
Lain sato sato nu ngarowotan somah
Tapi djelemana
Anu ngageuingkeun ngelingan Radja
Da puguh buta buta djaradi ponggawa
Beuki hareup beuki hareup
Radja buta beuki ngabeka !
DJangdji injana mah kieu
Tapi titah injana mah kitu
Nitah kitu
Tapi djangdji injana mah hanteu dibuktikeun
Radja djangdji eudeuk ngagungkeun Agama
Anu djadi gara gara urang kiwari aya di dieu
Tapi ladjuna mah
Sakabeh urang Selem
Ku injana dimudukeun saban saban
Njenjembah deui berhala
Di gantung di taweuran
Radja djangdji eudeuk njieun somah
Pada djembar eudjeung rahardja
Tapi nitah ngagarap sawah
Di salah wayah !
Bubutut salah nu ngatur
Panarat pabeulit dina tjatjadan
Da atu anu ku Radja dititah ngawaluku
Lain djelema prah tarani …. !
Ladju n amah
Kembang tarate paeh sawareh
Kembang kapas teu djadi nareuleu
Buwah pare loba anu nareuleu
Hanteu bisa asup dina haseupan
Da anu ngarebonna
Tukang barohong !
Anu taranina
Ngan wungkul djangdji !
Anu daragang
Nganngarandjap nu balandja
Anu djaradi pagawe
Loba lunta mawan adja
DJeung ari garawe
Ngahadja dilila lila
Ngarah somah nu disususah
Rurubaha mere loba … !
Anu djaradi ponggawa
Bararunghar tina ba** SENSOR **
Sararenang tina ruruba
Dararagang
Tapi bari njieun susah usaha somah
Modal dagang arinjana ?
Nja pangkat djeung kakawasaan
Nu ku arinjana diparake njaringsieunan
Dating ka anu geus sarieun memeh disaringsieunan
Mere kauntungan ngindjeumkeun modal
Tapi modal
Anu moal bisa ditagih deui
Kumaha arinjana dagang ?
Daragang bari monggawa
Dating ka pagawean
Meh sakabeh hantjaeun gatrah
Lain ku sabab daragang
Tapi memang teu barisa gawe !
Lain hanteu bisa gawe
Ku sabab barodo
Tapi lantaran pararinteur teuing
Ngan pararinteur kabalineur
Ti dinja
Salega buwana
DJadi hakaneun beuki marahal
DJadi somah beuki baringung !

Harita
DJaman ladju ganti deui
Asup keuna djaman sato !
DJelema dikawasaan sato
DJelema haying paloba loba sato
DJelema beuki loba nu tjara sato
Di djaman eta
Nja darang budak djanggotan
Sadjamang ku djamang hideung
Sasamping ku samping hideung
Njoren kaneron tapi teu hideung
Injana ngageuingkeun anu keur sasar
Ngelingan nu kamalinaan
Mere njaho ka nu paroho
Tapi euweuh nu ngawaraaaaaaaaro … !
Boro boro deuk ngawaro
Budak djanggotan oge
Ku arinjana ditarewak
Diasupkeun ka pangberokan !
Arinjana hanteu areungeuh
Haseup ti pirunan ngebulna beureum
Ditariyupan
Ku monjet monjet anu bareureum !
Ladju anu kamalinaan arembong ngawaro
Ngatjak ngatjak heula saban pasar
Ladju ngawut ngawut dapur batur
Manjar arinjana neyangan musuh …. !
Padahal
Arinjana njiar njiar pirusuheun !
Sabab arambeuk dipadjarkeun teu barisa ngatur nagara !
padahal arinjana njararho
Monjet arinjana nu haredjo
Monjet arinjana nu garading
Saban monjet nu arinjana
Beuki kamalinaan mararabok kakawasaan !
Padahal arinjana pada njaho
Eta the puguh geh monjet
Hayoooooh dibarere kakawasaan !
Ku naha ngarantep sina monjet monjet kamalinaan ?
Sabab Radja arinjana anu njontowan
Senang the
Mudu keur hirup !
Beunghar teh
Menungpeung keur pangkat !
Ngarah kapangkatan gede kakawasaan
Mudu monjet monjet didjieun balad
Bari mere monjet monjet kakawasaan …. !
Saha, sahaaaaaaa anu wani mumpang
Ka pangkat meudjeuh kawasa
Ka kawasa meudjeuh keur djaya
Ka nu keur djaya meudjeuh keur beunghar ?
Atuh eudeuk kumaaaaaaaaha ?
Da injana Radja geh Radja panjeeeeeelang !
Nadjan pagawe djeung ponggawa injana anu saralah oge
Nadjan pagawe djeung ponggawa injana njuyusah somah oge
Ku injana diingkeun bae !
Da puguh Radja dipindah sukma …. !
Kadjayaan buta buta djaradi ponggawa djeung pagawe
Kakawasaan monjet monjet anu marabok
Lilana ngan duwa kali ganti Radja pannjelang
Katilu ngadeg
Tapi mahi lila pieun somah katjida sangsara
Dating ka somah ngarep ngarep
Sing tjaringin reuntas di alun alun !
Sing buta buta djaradi wadal
Wadal polah keneh arinjana
Saban ganti Radja panjelang
Baris aya tjaringin reuntas
Tapi reuntas na hanteu saruwa !
Iraha bari mimiti aya tjaringin reuntas ?
Engke amun geus tembong budak angon
Dating ngabedjaan anggeus laguna ngarakrak
Panggung enggon katjolah anu e edanan djaradi edan
Geus dating keuna dawuh
Mudu dirubuhkeun djeung didudutan … !
Budak angon hanteu diwaro !
Tapi ladju lona nu rebut
Mimiti ti djero daour
Ti dapur ladju salembur
Ti salembur ladju djadi sanagara …. !
Tapi panggung reyod mah
Hanteu diburak …. !
Nu barodo djaradi gelo
Ngaharapkeun anak tjiung !
Budak buntjireung
Njumputkeun monjet beureum dina tjaringin
TJaringin na ladju teuntas … !
Tapi … panggung reyod mah
Hanteu dirakrak …. !
Nu barodo garelo deui
Diarodjok odjok monjet hideung
Nu ditipu ku monjet beureum
Arinjana harayang sina bulan djeung bentang bae
Anu beurang peuting njaangan djagat ieu … !
Arinjana mararaksa
Manuk tjiung ulah disebut tjiung
Ti dinja
Loba deui anu raribut
Mimiti ti dapur deui
Ti dapur dapur djadi salembur
Ti salembur djadi deui sanagara !
Anu karantjeuh ladju garelut
Diarodjok odjok deui monjet beureum
Nu njararu djadi monjet harideung bulu
Harideung letah harideung deuleu
Tapi beureum hate djeung beureum sedja
Sedja ngabeureumkeun sa djagat ieu … !
Nu kataripu ladju garelut
Ngagelutan sakur anu hanteu saruwa dina sinembah
Ngagelutan batur batur nu geus areungeuh keuna ditipu !
Dimana mana beuki loba nu deuk garelut
Ngan anu areling …. Pada tjaritjing
Arinjana mah ngalaladjowan !
Tapi ….. kabeurangan … !
Naeun sabab mantak garelut ?
Marebutkeun warisan samemeh wayah
Nu nu haraweuk haying panglobana
Nu teu daek harayang loba
Nu mudu kawaris
Mararenta bagian arinjana …. !
Tapi warisan mah
Euweuh saurang anu kabagean
Sabab geus direbut
Ku urang sabrang njekel gadean !
TJaringin anu keur eunjeuh
Reuntasna kabawa tjaah … !
Monjet hideung
Karebut ka sabrang deui
Tapi monjet monjet anu beureum
Antep intip di pipir leuit
Ari monjet monjet anu haredjo
Arembong turun ti ruhur panggung
Panggung rubuh !
Dirubuhkeun talaga bedah
Anu bedah ku lini deui !
Kuya bodas, andjing bodas, buhaya bodas
Mararodar disered guntur … !
Ngan beas bodas
Leuleungitna lain kabawa tjaah
Tapi diatjak atjak deui ku monjet beureum
Diatjak atjak deui monjet monjet anu haredjo
Diatjak atjak deui monjet monjet anu garading
DJeung ku begu begu nu sarupa djelema … !
Urang wetan anu geus hareudang
Ku urang kulon nu keur hudang
Hariwang keuna wayah Urang Sunda baris hudang !
Kudjang Sunda titinggal kaula
Sina ditarepa deui di sabrang wetan !
Ladju … sunda pagirang girang deui tampiyan !
Di mana mana raribut deui
Mararebutkeun leuit anu kararosong
Mararebutkeun djodjodog pada tjaropong !
Rebut ! Beuki rebut beuki rusuh … !
Buta buta ladju njarusup
Sakabeh rupa monjet pada haliwu
Sabab sariyeun ditareumpuhkeun beulahna samangka !
Da memang heueuh
Lapurna nagara the
Gara gara arinjana
Keukeuh harayang bae pangkawasana
Geus hanteu barerek oge
Keukeuh bae mudu turut ngatur nagara
Urang sunda diaradukeun deui
Da sundana sunda goblog
Teu arareungeuh diaradukeun !
Ladju maseyaan sakur anu ditaruduhkeun
Maseyaan deungeun maseyaan batur .. !
Sunda maseyaan sunda keneh !
Ngan sunda nu areling
Hanteu paraseya hanteu pagirang girang tampiyan !
Tapi kabarerang …. !
sabab sunda burung paseya djeung sunda edan
sunda edan maseyaan sunda nu teu burung hanteu edan … !
salegana nagara tjara keur kahuruwan
loba seuneu loba tjai
tah di dinja mah
kara njarariyar budak angon
sedja arinjana deuk marenta tumbal
tapi budak angon anggeus euweuh
geus euweuh dibirit leuwi
geus euweuh panto batu satangtung
tapi haneuleum nu didjieun hateup
handjuang nu didjieun tihang
euweuh anu areungeuh
djadi pipihan handapeun Pakudjadjar Ki Pahare !
anu kasampak ku anu ngariyat
ngan kari gagak
nu keur ngelak dina tutunggul
ngabedjaan
tapi euweuh saurang anu ngararti !
padahal gagak the ngabedjaan
“samangka geus asak di Tegalan Pangperangan !”
Tah eta pitumbaleun pieun pamunah … !
Darengekeun !
Perang di tegalan
Geus moal aya anu bisa ngahalang haling !
Sabab geus karep para lulugu wetang … !
Tapi bisa dikiyasan abeh ulah dating deui ka sunda beak kaluluh !
Sabab Padjadjaran mudu ngadeg deui
Mandiri deui djadi Nagara
Anu nengah dina djadjaran
Saamparan eudjeung satahap
DJeung Nagara nagara anu sahate !

Lengser … !
TJeuk Si Lengser djauh ti tengah tengah tegal
Nun…. !
TJeuk Radja
Anu harita djadi keneh Radja
Tapi ngan Radja dina sebutan
Sabab Nagara injana mah geus dibogaan deungeun
Kiyasna, Lengser ! kumaha tah kiyasna ?
Si Lengser ladju ngomong
Tapi ku Radja hanteu kadenge !
TJeuk Radja tanpa Nagara
Teu kadenge !
Ngomong be dia the torek !
Lain torek dina tjeuli
Tapi torek dina piker !
Piker atuh !
Keur djadi keneh Radja
Memang kaula anu mudu dating ka Radja !
Tapi lantaran dia ayeuna
Geus etjag ti djadi Radja
Nja atuh
Anu ngora anu mudu njampeurkeun ka anu kotolan !
Heueuh bener ! tjeuk Radja bari njampeurkeun
Radja njampeurkeun Si Lengser
Si Lengser njampeurkeun Radja !
Ladju arinjana njarampeurkeun kokolot
Nu tilu djadi lulugu
Ngaluluguwan Padjadjaran nu eudeuk ka kaler !
Ladju Si Lengser harewos
Ulah ngugung ngugung monjet hideung !
Ulah siyeun ku monjet beureum !
Ulah ngelehan bae ka urang wetan !
Ulah mundur ku urang kulon !
Tapi kalebetkeun umbul umbul Padjadjaran
Anu bodas sabari hideung
Disulaman
Kudjang lalayanah djeung pakudjadjar !
TJeuk Radja
Tah kitu !
Tengerkeun djaman ganti deui
Nja eta djaman anu baris muka lawang
Pieun mapag powe
Nu mawa djaya tin a sangsara !
Wayah dating Radja panjelang anu kaduwa
Ditanda an heula ku bitu gunung gede
Ladju disusul ku tudjuh gunung pada garede !
Wayah bakal dilelemahna tegal pangperangan
Amun parek ka urut punduk leuwi Ki Pata Hunan
Geus malang tjukang nu njela bumi !
Girangeun ereng di kutu lampah
Nu njabrang geus mudu dina eretan !
DJig ! geura narindak !
Tapi ulah ngaliyeuk ka tukang
Ngan sing awas neule ka hareup
Sing telek neuleu ka kentja
Sing teges neule ka Beulah katuhu
Di tukang mah
Batur batur ti Padjadjaran anj ngaranteur !
Ladju nindak anu narindak eudeuk ka kaler
Ka dayeuh paninengan samar kasampak
Tapi tetep ngadeg
DJero harigu saban Sunda Padjadjaran !
TJeuk Radja ka anu sakabeh anu marisah ka Beulah kidul
Batur batur ! dulur dulur !
Sakabeh anak sakabeh intju
Buyut, tjangah, boa eudjeung wareng !
DJeung sakabeh Sunda Padjadjaran anu sadjati !
Mimiti powe ieu
Padjadjaran ganti djaman
Ganti alam teruseun hirup !
Lain urang ngaganti alam ngaganti djaman
Tapi uuuurang
Diganti alam ku ganti djaman
Mimiti powe ieu
Padjadjaran pindah
Ti djaman wasa tjarita
Ka djaman djadi tjarita
Ti alam hirup samemeh paeh
Ka alam paeh samemeh hirup
Sabab hirup terus terus
DJero angeun Bangsa Sunda
Anu Padjadjaran di ngaran Sunda !
Lalakon
Urang ladjukeun !
Sabab engke djaga
Ka batur batur djeung dulur dulur
Nu tadi nindak ka kaler
Baris aya nu hiri dengki
Dina sedja
Njilih deui Bangsa Sunda
Njaram njaram urang Sunda nararineung ka Padjadjaran
Sabab nu saririk hiri dengki
Arinjana siyeun kasili wawangi
Amun Sunda ngadeg deui Padjadjaran
Arinjana arembong ngarti
Bong pertjaya ka budak angon
Nu njarita
Padjadjaran the
Lain ngadjadjarkeun tangkal nu djiga paku
Tapi ngadjadjarkeun
Anu salah ti anu bener
DJeung ngadjadjarkeun
Kabener bebenerna bener !
Arembong arinjana ngarti
Sabab piker arinjana Padjadjaran the
Ngahudang hudang panasaran
Njeunjeuit deui kanjeuri
Nja kanjeuri
Anu baris ngahudangkeun sukma Sunda !
Padjar arinjana
Harti Sunda the
Suhun semet dada
Tegesna mah badega !
Ladju saban usuk Bangsa Sunda
Ku arinjana diteuheulkeun ditareundeutkeun
Bangsa Sunda
Mudu nurut bae diparentah digarawekeun
Ku madjarkeun
Sampurna na Nagara tunggal ngaran
Mudu dibantu ku Bangsa Sunda !
Padahal
Hehese djeung tarahalna
Eta kabeh bagian Sunda
Ngeungeunahna mah
Nja bagian bae arinjana !
Bangsa Sunda diaradukeun
Tapi dasar Sunda babari dipadaya
Dasar Sunda ngeunah dipudji
Nja araratoh saban saban disina paseya
Neunggeulan deungeun ngagelutan batur
Aratohna ?
Sabab disaban kalang
Sunda deui anu unggul
Sunda deui anu meunang
Sunda deui djadi djawara
Bari Sunda bae nu djaradi wadal
Tapi anu ruhur bae pangkat
Beuki gede bae dina kawasa
Lain Sunda anu djawara
Lain Sunda anu bebela
Engke dina usum rame papanggungan
DJeung anu mamaranggung kamalinaan
Liwat budak angong djeung budak anu djanggotan
Ngelingan ka urang Sunda
Bangsa Sunda the lain Badega
Tapi dasar Sunda loba teuing nu barodo
Nja hanteu ngawaaaaaaro !
Ti dinja hanteu kedik anu pabisa bisa
Sewing sewing njieun harti tina Sunda
Tapi harti anu saestu
Teu kaharti ku para adji
Teu katorah ku para pudjangga
Sabab nadjan oge pararinter
Arinjana hanteu njaho njaho atjan
Nu kumaha rupa handeuleum
DJeung kun aha handjuang siang
Da njarutjruk the
Pada kalangsu
Tapi njarariyar the
Aranggang keneh
Nu areling barisa ngarti
Ngan barudak Sunda nu keur baringung
Nareyangan indung anu ditundung
Marapag bapa pasingsal djalan
Saha nu djadi indung ?
Nja aweuhan tina ngaran
Ngaran Padjadjaran samar !
Mantakna ditundung ?
Sabab teu bae ngarti
Ku naha Sunda didjieun tere ?
Saha anu nundung ?
Radja buta ponggawa buta
Eudjeung Sunda pada baruta !
Saha nu djadi bapa ?
Nja djaman nu baris dating
Ngahudangkeun sukma Sunda
Ku naha pasingsal djalan ?
Sabab arinjana hanteu njaraho
Budak angon keur ngalalakon
Dimana ?
Di kalereun lawang gintung
Sa kalereun lawang saketeng
Naeun sabab hanteu njaraho ?
Lantaran harudang samemeh wayah
Di garieungkeun kuya bodas
Dipadaya ku kuya bodas
Balukarna ?
Kanjeuri nu tambah njeuri
Kanineung nu beuki teleb
Nja karuhaaaan
Bangsa Sunda eudeuk ngamuk !
Tah eta sabab sabab urang mudu mandjangkeun lalakon
Amun Sunda ngamuk ulah motah di salah wayah!
Sabab amun Sunda ngamuk sabari motah
Duwa raksasa djaradi bobotoh
Balukarna ?
Rusuh gede saamparan djagat !
Eta rusuh gede
Memang baris mudu kadjadian
Tapi hanteu digara garakeun ku urang sunda !
Tapi di gara garakeun
Monjet beureum djeung monjet hideung
Anu djaradi gara gara gerna perang sanekala !
Keun bae eta mah lain urusan urang
Engke oge ari geus rakatjak mah
Monjet monjet hideung teh baris njaraho
Arinjana the tinggaleun djaman !
DJeung sakabeh Sunda pahilih hilih
Ladju arareungeuh
Diparakeyan kedok teu neule djeblog
Da kedok na
Didjieunan monjet anu harideung
Hideung hate hideung piker
Dtang ka djaman nu geus bodas oge
Dimudukeun hideung bae hideung terus !

Darengekeun !
Mimiti ti powe ieu
Urang kabehan parindah alam
Tapi aya bae
Di djagat ieu keneh ieu keneh !
Urang ngahiyang
Teu kadeuleu ku mata djelema
Pieun engke
Di wayah di tatar kaler
DJagat gendjlong ku garuda megarkeun endog
Marulang deui ka alam tjara baheula … !
Urang daratang deui bari kadeuleu
Tapi ngan kadareuleu ku anu areungeuh !
Sabab dating urang ngawaruga
Dina bangsa nu lain selam !
Urang galling gisik djeung sakabeh djelema
Tapi ngan anu kawaris nu engke baris areungeuh !
Salila urang ngahiyang
Dia kabehan meunang
Nembongan
Dia kabehan meunang
Njawara
Tapi aya paryaduan
Hanteu meunang katrembong ku sambarang djelema
Hanteu meunang nembongan ka sambarang djelema
Hanteu meunang njawara ka sambarang djelema
TJindeukna hanteu meunang ka sambarang djelema
Hanteu meunang di sambarang wayah
Kawidi nembongan kawidi njawara
Ngan di wayah mun kapaksa
Dina waktu anu kadjurung ku parelu
Bari hade nu mudu djadi balukar
Ka nu nembongan djeung ka anu ditembongan
Ka nu njawara ka anu dibawa njarita
Anu ngarampag
Tangtu bakal kabendon
Lain ku kaula !!!!
Tapi
Ku palolah arinjana !
Denge !
Nu katembong teu ngahadja
Bakal apes salila
Ti powek ka powek deui atawa
Ti tjaang ka wayah deui tjaang
Aya pamunahna
Geuwat dia ngarupakeun maung
Nu leumpangna
Ngelesed sabari tungkul
Anu nembongan ngahadja tembong
Teu kawidian hanteu parelu
Bakal apes salila
Opat puluh kali waktu nu tadi
Euweuh pamunahna … !
Nu mantuwan djelema djahat
Nu mantuwan djelema djail
Tangtu baris keuna bebendon
Sabab Padjadjaran mah
Hanteu ngadjar mudu djahat
Hanteu widi keuna djail !
Sabendon anu karitu
Leungiteun djalan di waktu mulang !
Ladju djaradi meyong
Nu baris marodar ku pakarang
Euweuh pamunah na
Nu tutulung di hade gawe
Mantuwan lain liliyuran
Diwidi laluwasa galling gisik di duwa alam
Alam djelema biasa djeung alam Padjadjaran !
DJelema ti ruar kalangan urang
Mun njieun salah ka urang kabina bina
Mun hiri dengki ka urang
Atawa nganjieun ngahihina Padjadjaran
Tewak ku dia
Ladju puwat keuna kareta Padjadjaran
Nu meneran euduek ngaliwat … !
Mun kareta na ditarik kuda opat harideung
Eta pitandaeun
Nu salah the
Mudu dihukum !
Mun nu narikna
Kuda opat barodas
Eta pitandaeun
Nu salah teu bias dihampura
Mun geus injana tobat
DJangdji mowal deui deui
Ka urang njieun kateungeunaheun
Pulangkeun injana ka alam injaman deui
Tapi sina neuleu heula pieun bukti
Nagara Padjadjaran di sedjen alam
Alam Padjadjaran anu ngahiyang !
Lilana urang ngahiyang
Opat djaman kalmia dating
Nu kebelna
DJangkep opat kali 100 taun !
Piliganti saban djaman
T urang mudu aya anu njilok
Hirup babarengan djeung djelema
Mawa rupa, rupa djelema
Tapi anu mahiwal tin u biasa
Gawe injana
Nengetkeun nu ti musuh
DJadi deui djelema
Dina sedja
Ngahaharuwan Padjadjaran
Njaritakeun uga beunang arinjana njieun sorangan
Ulah dipodaran !
Keun sina karodjor kasiku ku eta uga
Ayeuna dia kabehan
Tuturkeun kaula
Kumaha kula beeeeee !
Urang papag djaman nu bakal dating
DJaman ngadeug deui Padjadjaran
Anu djembat hampirana
Anu subur tatanenna
Anu bera dagangeunana
Anu ragem djeung papada nu hade hate
Urang nindak ….
Pareum ….. !
Ladju Radja ngudarkeun beubeur
Beubeur tjinde, tjinde wulung …..
Dikebutkeun !
Leus ! ngileus …………

Ngahiyang

Sakabeh nu satiya ka Radja
Teu katembong ku panendjo
Pada leungit tina pandeuleu
Ngan Si Lengser hanteu ngaleungit
Hanteu leungit hanteu euweuh
Ngadjentul keur nangkeup tuur
DJiga tunggul sempur eukeur ngabatu
TJeuk sora Radja nu kadeuleu ngan ku Si Lengser
Lengser 1 … kumaha dia ?
TJeuk Si Lengser nu kadeuleu ku sakabeh nu nareuleu
Hanteu kumaaaaha !
Kaula mah
Masih pandjang kenenh lalakoneun
Sabab melang ka nu marulang
Nu ka kaler nu ka kulon
Sabab engke
Sunda wetan teu ngeunah angeun
Amun sunda urang di urut dayeuh
Engke unggul di pangaweruh
Eudjeung leuwih di pangarti
Bari djembar dipangabisa
Nadjan dina hirup
Sagala serba dangdarat
Ku sunda wetan
Arinjana baris tampiyan digiringan
Dikuruhan dipendet sunggapan !
Kaula the hirup geus kebel djasa
Entjan njorang ngarasanan ngeunah seuri
Tapi salawasna
Ku deungeun deungeun
Ngarareunah bae disengseurikeun
Tapi engke haying kaula nu ngeunah seuri
Haying resep heuleu ngeunah seuri
Amun engke djaga
Sunda wetan ngarerel letah
Ditjekekan Padjadjaran mupulan wadal
Da bongan sunda wetan
DJeung papada sunda pagirang girang tampiyan
Tapi
Ngarah kapake didjidjieun kokolot
Ngaletakan ngisangan deungeun
Ngadjak Padjadjaran urang ngagelutan musuh
Tapi bari sina Padjadjaran urang nu katempuhan
Ditudjuh ku Sunda wetan
Kaula melang ka Padjadjaran urang
Nu kiwari mulang ka kaler
Nu engke djaga terus di kaler
Dirawaykeun ku seler seler !
Kaula melang ka arinjana
Eudeuk ngalanglangan arinjana
Eudeuk ngadjang ka budak angon
Bari njiolok tukang mantun
Bari sugan sugan bae kasampak
DJelema surti nu lantip piker
DJeung hade di hateu hade di lampah
DJeung rantjage ngarti paeh !
TJeuk sora Radja nu teu kadeuleu
Hade ari kitu mah
Tapi kaula
Ulah ku dia deuk didjauhkeun !
TJeuk Si Lengser
Heu .. euh deuh !
Si Lengser ladju nindak mimiti ka kulon heula
Ti kulon ladju ka kaler
Ladju n amah ladju teuing ka manaaa
Tapi nadjan euweuh nu areungeuh
Si Lengser tetep aya
Ngalanglangan ngalanglangan ….
Ngalanglangan bari ngandjang
Bari njilok njilok tukang mantun
Injana mantun
Ngalalakonkeun nu geus kalakon
Njaritakeun nu baris dating
Eudjeung engke tantu kasorang
Ku saha ?
Ku sakabeh bangsa urang
Anu kadjongdjonan djadi badega
Tapi pantun Si Lengser
Lengser Pantun Bogor Pakulonan
Baris dihaharuwan
Ku sunda teu ngeunah angeun
Lantaran
TJatur Si Lengser
Puguh kitu baheula na
Bedja Si Lengser
Memang enja di engkena
Kabeh bukti djadi saksi
Begu galuh mumungkus hulu
Kuya bodas unggah darmaga
Kulit munding … djamang laken !
Si Lengser ngalalana
Make tanda ti babaheulna
Eudjeung tjirri nu tara ganti
Si Lengser sasamping beureum
Samping beureum semu paul
Tapi paul belel djasa
DJamang Si Lengser ?
DJamang njangsang dina taktak anu kentja
Sebut bodas ka ku letjek
Sebut hideung da boleas !
Gigig injana ?
Leumpang noyod rada bongkok !
Tara tinggal ti kaneron
Disalendang dikatukangkeun !
Sakapeung osok saiket
Sakapeung satiung iket
Anu semu djeung batik na
Tara bisa disebut tangtu
Tapi aya tjirri nu moal pahili
Si Lengser saiket rawing
Si Lengser sabadju rambeng … !
Rupa injana ?
Bisa ngora tapi djore
Bisa kolot tapi kasep
Bisa kapeung kapeung kadeuleuna
DJaga artja atah tatah
DJaga kohkol entjan anggeus
DJag tunda !
Urang tunda di handjuawang siyang
Urang teundeun di haneuleum siyeum
Ampiheun … padjueun ka hareup
Sampeureun anak intju
Teangeun engke djaga
Tanjaeun nu teu njaraho ……. !
__________________________________

Di palebahan urut ngumpul djeung misahna urang Padjadjaran, engke djaga ngadeg lembur mawa ngaran Tegal Buleud !
Di djaman nu baris dating didinja baris ngadeg Panggodongan
Nu hauna sadjangkung kuwung kuwung
DJeung seuneuna
Ngagedang gedang beurang djeung peuting
Keun sina ngagedag gedag !
Pieun di beurang ngahandjuwan garapan
Pieun di peuting djadi tetenger
Ka sakur nu keur marapag
Wayah Padjadjaran ngadeg deui …. !
Lain Padjadjaran nu baheula lain Padjadjaran nu kiwari anggeus leungit, lain Padjadjaran nu diarep arep ku kahayang …. !
Tapi Padjadjaran anu anjar !
Anu napak dina uga
Dina djadjaran anu satahap …..
Sadjadjar djeung anu satampiyan dina saleuwi
Nja eta
Padjadjaran nu salin ngaran
Ngadjadjar mandjang ka wetan
Ngalondjor djolok ka kulon
Diradjaan ku nu sabar
Diratuwan ku nu adil …. !
Saha nu baris ngaradjaan ?
Sana anu baris adil djadi ratu ?
Engke oge dia njaraho ….. !
Ti mana datangna engke arinjana ?
Ti sabrang lautan
Dina mulang
Anggeus ditudung ….. !

TJag.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.