Ngimpi

ngimpiteh kembang harepan anu kudu di piboga ku sakur jalma. mun urang teu boga impian asanateh hirup moal aya kamajuan, tangtu kieu kieu bae ngarasa ngarenah ku kaayaan ayeuna tungtungna tinggaleun ku batur.

beda deui lamun urang hirup bari jeung boga impian. impian hayang hirup jiga batur anu geus maju tina sagala bidang, tangtu urang bakal ngusahakeun atawa ikhtiar kumaha mun hayang jiga batur tadi.
euweuh salahna mun urang nurutan batur ari dina bener jeung keur kamaslahatanmah. salah soteh mun keur ngahontal eta impian nepi ka ngahalalkeun sagala cara anu di larang ku agama jeung nagara. conto hayang sagala boga, imah mewah, mobil wah, pakeyan boga merk jeung sajabana tapi ngahontalna ku jalan ngagorogotan duit nagara jiga para pejabat ayeuna tah eta anu ulahteh. atawa pedah hayang bnghar terus migusti ka kunti nyembah ka buta hejo atawa liana tah etage ulah pisan sing inget hirup di dunyateh moal lila.
jalan anu paling alus bari jeung kaharti taya lian urang kudu getol usaha di barengan menta ngadoa kanu Maha Kawasa. kudu rajin ulah leleda talangke sing sumanget.

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"