Puisi Cinta,Puisi sunda


DULU DAN KINI
Dulu...
saat aku masih belum mengenal kehidupan
kau selalu ada buatku...
kau begitu menjagaku dan melindungiku dengan cara yang mendamaikanku...
dulu.. kau begitu teduh
ketegasan terpancar darimu tanpa membuatku takut...
kewibawaanmu tidak menyurutkan keterbukaanku padamu...
bahkan aku begitu nyaman bercanda denganmu,,,
sampai tertidur di punggungmu yang luas bagiku saat itu
dulu semua itu indah...
dulu...ya dulu yang telah berlalu, kini menjadi kenangan yang perlahan menghilang dari hatiku...
kini...tak ku rasakan lagi kenyamanan itu...
kini, aku tak bisa lagi terbuka menunjukkan siapa diriku yang sebenarnya dihadapanmu...
kini,,, aku terbatasi oleh tatapan dinginmu akan duniaku...
kini,,, kau tak lagi menjadi pengayomku...
kini,,, semua keindahan itu telah memudar perlahan...
aku membenci diriku yang sebagian adalah warisan darimu...
tapi aku juga takut kehilanganmu...
kau tahu?
aku selalu menangis mengenang semua waktu yang pernah kulewatkan bersamamu...
tapi sesakit apapun hatiku sekarang mengenangmu...
aku tetap menyayangimu...
karena kau tetaplah Ayah bagiku sampai kapanpun...
Haruskah engkau….
Haruskah engkau memenuhi rongga batinku
Menyita hampir-hampir seluruh ingatan
Menjadikannya seperti sejenis rindu

Haruskah engkau mengisi kota hatiku
Memenuhi hampir-hampir seluruh ruang kosongnya
Dengan baris-baris namamu

Ya, hanya namamu
Teringat olehmu seperti mengenang derita purba sebuah kota
Orang-orangnya tertawan derita dan berbagai senjata

Lalu, tiba-tiba orang-orang itu menjelma
Menjadi hatiku
Sedangkan senjata itu adalah namamu
Mungkin juga senyummu

Engkau takkan pernah tahu
Dimana letak derita
Karena aku telah menyimpannya
Di dada. (*)
 
PEUTING téh teuing ku panjang.
 Geus sababaraha   liliran. 
 Geus sagala rupa kaimpikeun.
 Duhh. Peuting bet asa taya tungtungna…


LILIR kagebahkeun angin nu ngarayap mapay-mapay suku. Nyecep peuting. Najan teu ditangaraan ku posisi bulan, peuting karasana karék manjing janari leutik. Padahal asa geus lila reup, tapi bray beunta téh masih kénéh disimbutan mongkléng.
      Asa hayang geura-geura caang.
      Lain pédah kaeunteupan klaustrophobia mun hayang téréh nimu caang. Da teu meredong-meredong teuing. Masih kénéh katémbong curuk. Ngan cék rarasaan taya pisan kamajuan geusan meuntasan peuting. Hayang gancang meunang beurang.
      Heuay mah merelek geus teu kaitung deui. Saban heuay, sok terus ngaguher. Ngimpi deui. Lilir deui. Heuay deui. Guher deui. Tapi saban ngoréjat masih kénéh dibaturan peuting.
      Bener. Peuting téh bet asa teu manggih tungtung.* 
REMEN hayang hudang téh ninggang di wanci. Isuk-isuk, nalika srangéngé medal ti wétan. Méh ngalaman moyan. Marengan meletékna panonpoé ti tempat anu sabenerna. Atuda salila ieu mah bray beunta téh sok manggihan panonpoé aya di kulon. Jadi siga nu kakara meleték, tapi ti tempat anu salah.
      Lain, lain salah panonpoé. Nu puguh mah salah mata sorangan beuntana kamalinaan. Hudang jam saratus, cek Mang Opin mah. Sesebutan keur nu kebluk atawa ngajam rék hudang sadaékna.
      Matakna, asa bungah basa panon bisa dipeureumkeun ti soré kénéh, soré keur uing mah ukuranana méméh sapat poé 24 jam ceuk itungan almenak panonpoé atawa syamsi, alias tengah peuting. Peureum mémang saenyana reup saré. Tibra da maké ngimpi sagala. Teu istiméwa ari ngimpina mah, jadi teu kudu dicaritakeun da teu penting.
      Kaalaman sakali mah. Enya, barang bray mungkas impian téh nyampak panonpoé geus moncorong ti beulah wétan. Ti tempat asalna meleték unggal poé. Enya, mulang deui ka bihara-bihari bisa hudang dina waktu anu lumrah. Komo basa ditéma ku poé kadua jeung poé katilu bisa dalit jeung cahaya panonpoé isuk.
      Asa balik deui jadi jelema. Bisa maca koran isuk-isuk. Bisa updaté status isuk-isuk. Bisa megat tukang jajamu isuk-isuk. Bisa sasarap bubur hayam Mang Ukon nu cenah matak muncrut tapi deudeuieun.
      Pangpangna mah bisa moyan bari ngawawas manéh, nyangigirkeun citéh ngebul, gaganti cikopi nu geus lila ditinggalkeun.
      Ayeuna bet teu bisa deui hudang isuk. Lain pédah labas nepika jam saratus. Sabalikna, hudang téh bet asa peuting deui peuting deui.
      Enya. Peuting nu asa teu manggih tungtung.* 
TUNGTUNGNA jadi guling-gasahan. Mun nurutkeun napsu mah hayang terus gegerungan. Nyambat beurang. Nyambat-nyambat hayang geura-geura papanggih jeung beurang.
      Reup deui.
      Lilir deui.
      Teu kasiwer ngimpi heula da ngan salenyapan.
      Teu waka beunta. Sakedapan ngajepat, ngararasakeun naha geus beurang atawa masih kénéh peuting. Tapi, najan bari peureum, karasa yén wanci masih kénéh peuting.
      Antukna maksa beunta. Panon ngarérét kana témbok. Nyasar néangan jam dingding. Mapantes lebah-lebahna. Ku pikiran jeung panon haté mah jol kapanggih di mana naplokna jam dinding. Tapi ku panon nu molotot mah luput. Nu katangen ukur belegbegna peuting. Sanajan teu meredong-meredong teuing. Masih kénéh katémbong curuk. Jarum jam mah angger teu katémbong utek-utekna acan. Ukur kareungeu sora tik-tekna.
      Geus beunta terus cengkat. Jung nangtung. Blak mukakeun jandéla, néangan sugan manggihan cahaya nu méré tanda-tanda beurang. Teu nanaon najan ukur balébat sakolébatan. Tibatan taya kamajuan teuing mah.
      Tapi nu kasampak horéng sarua. Di jero di luar, poék anu éta kénéh.
      Nyobaan nyeukeutan pangreungeu. Susuganan ngadéngé sora nu tahrim. Kajeun ukur hawar-hawar ogé. Mun teu kitu, atuh sora kongkorongok hayam. Teu nanaon ukur katéwak ngokna gé. Kahayang mah jol ngong sora adan. Keun baé najan sorana rébék teu ngeunah kadéngéna gé.
      Kabéh lebeng.
      Heueuh. Peuting kawas nu moal manggih tungtung.* 
LENG mikir. Aya naon atuh ieu téh? Naha aya nu salah? Boa eusi sirah geus robah. Moal kitu owah mah aing téh... Huh!
      Heuay deui. Mereketkeun manéh sangkan teu tuluy saré. Panon geus rék rapet gé ngahaja dibelél-belél supaya beunta. Moal, cék gerentes, moal rék disarékeun deui. Sieun hanjakal. Sieun lilir angger kieu-kieu kénéh.
      Tungtungna cindukul. Ngadon ngajejentul dibaturan meredongna peuting. Ngaraga meneng nungguan tungtung peuting nu teu embol-embol.
      Rék diabenan, kitu gerentes haté. Piraku moal manggih tungtung. Geuning saré gé aya lilirna. Digantian ku hudang. Peuting gé pasti aya sudana. Digantian ku beurang.
      Hanjakal jauh ka listrik. Kuhanjakalna deui cempor geus béak minyakna. Teu mekel lilin deuih. Estuning hémpak keur nyandingkeun poék nu hideung.
      Leng deui. Mikiran boa peuting mah lain ku panjang-panjang teuing. Komo jajauheun kana moal nungtung. Sigana pédah pikiran nu mémang sundek lantaran hayang geura-geura muru beurang. Pipikiran nu geus diiwat ku rasa beurang. Ku cahaya nu disebut beurang.
      Geuning. Peuting can kénéh manggih tungtung.* 
INGET deui, saméméh manggih pangalaman kawas ayeuna, biasana sok sabalikna, horéam manggih beurang téh. Sok hayang beurang teu datang. Peuting wé saterusna.
      Enya, siga nu dihaleuangkeun ku Iwan Fals. Lain haleuang meureun, tapi gorowok. Cenah, “Jangan-jangan, pagi kaudatangkan biarkan malam terus berjalan. Jangan-jangan, mentari kauterbitkan!
      Tah, nepika kituna.
      Éta mah romantisme mangsa lawas. Kabiasaan nu terus kababawa hirup. Hirup teu béda ti kalong. Peuting cénghar, ngulayaban néangan rupaning kahirupan, lain néangan nu amis-amis sarupaning bubuahan wungkul. Beurang ngampih, nganjang ka karajaan impian. Nyobat jeung bulan, nyatru panonpoé.
      Siga vampir, ceuk Mas Jaka nu sok maturan nyaring peuting bari nembang Ilir-ilir. Asa tiis tingtrim dunya peuting. “Isuk-isuk paheula-heula jeung panonpoé, itu bijil urang mubus. Sieun kapanasan, mun keuna cahaya panonpoé bakal lééh siga vampir,” ceuk Mas Jaka nu embung ditelahkeun Jack sumawona Joko, sanajan ngomong Sunda logatna tetep medok jeung bebeledugan.
      Para pemimpi, ceuk Daéng Madéong. Nu hirup méakeun peuting mah sarua jeung hidup di alam impian. “Aku adalah seorang pemimpi,” ceuk lalaki pituin Makasar nu leuwih paséhat nyarita maké basa Sunda batan basa indung sorangan. Siga nu keur mapandékeun diri sorangan.
      Tah, éta omongan Madéong jauh saméméh Dhani Ahmad nyiptakeun lagu nu nyebutkeun, “Bukan rahasia, jika aku adalah seorang pemimpi…
      Jadi kapikiran deui.
      Leres pisan. Peuting nu datang teu manggih tungtung.
*** 
NGAJEPAT. Rarasaan ngajepat. Hayang hudang, tapi teu bisa cengkat. Hayang cengkat, tapi teu uget-uget acan.
      Hayang ngajorowok. Terus ngagorowok. Ménta tulung. Tulung-tulungan. Tapi taya nu némbalan, da taya sora anu kaluar.
      Beuki dipaksa hayang usik, kalah beuki rosa ngabatu. Beuki dipaksa hayang nyoara, kalah mingkin pageuh ngabisu. Sanajan awak terus abrug-abrugan. Haté terus kokosodan.
      Ukur rarasaan. Ngan dina pipikiran.
      Nu puguh mah awak terus ngajepat teu usik teu malik. Rénghap gé asa seuseut. Sakabéh anggota badan siga nu leungit sénsor. Paréntah tina otak teu di-réspon ku awak. Syaraf méré sinyal ka otak supaya nyengkatkeun sirah. Sénsor otak méré instruksi kana sirah. Tapi sirah teu méré réspon, angger cicing. Ceuk syaraf hayang ngagoak. Kitu kénéh. Taya réspon tina pita sora. Tetep wé ngabigeu. Mun di-transfer éta alur instruksi, sinyal, sénsor, jeung réspon kana modél visual, sigana kawas lalajo carita pégo. Aya gambar, gerak, tapi euweuh sora.
      Nu leuwih matak kasiksa, réspon kana ambekan. Kumaha hayang ngarénghap, tapi taya réspon. Sakali. Dua kali. Tilu kali. Nepika béak pisan nafas. Tapi dina pipikiran mah angger bisa ngarénghap. Bisa ngahégak ogé. Da leungeun jeung suku gé dina pipikiran mah bisa pakupis.
      Ngan dina prak-prakanana nu henteu téh.
      Lila-lila mah capé ogé maksa kahayang téh. Antukna cicing. Nuturkeun kahayang rasa jeung pikiran. Teu ménta. Tapi nurut.
      Dituturkeun sakumaha kahayang rasa mah geuning bisa.
      Mimiti panon bisa gerak. Galar-gilir ngarérét ka sisi ka gigir. Tuluy sirah mimiti bisa obah. Bisa luak-lieuk. Terus ramo-ramo leungeun. Terus ramo-ramo suku. Ngarénghap lancar deui. Sora ogé kaluar deui, sanajan karék wani ngaharéwos.
      Sirah jeung awak gé bisa dicengkatkeun deui ayeuna mah.
      Méméh obah leuwih jauh, bari ngararasakeun awak, terus ngajepat deui. Neuteup lalangit kamar nu bodas. Ngarérét ku juru panon ka sakuriling. Geuning loba nu datang.
      Katangen nu nungkulan euweuh nu némbongkeun beungeut. Kabéh tungkul nyumputkeun paneuteup.
      Matak asa laluasa basa awak lalaunan cengkat. Ah, teu sing hésé. Malah sakitu babarina. Teu ditanagaan gé awak saolah-olah ngangkat ku sorangan. Semu ngangkang. Terus ngambang.
      Nu tungkul asa beuki ngareluk. Teu miroséa awak kuring nu terus ngambang beuki ngaluhuran. Luhureun pangsaréan.
      Lalaunan awak ngambul ka luhur.
      Héy, awas! Asa ngadéngé nu ngajorowok.
      Tapi dirérét, taya saurang gé nu cengkat. Kabéh husu dina tungkul séwang-séwang. Bet tuluy hayang ngélég. Ramo-ramo nu tadi hésé digerak-gerak téh gugupay. Sok téwak! Héy, téwak uing tah!
      Teu lucu, eung! Kadéngé deui aya nu ngagero.
      Tapi ukur hiuk angin nubruk kaca jandéla.
      Bebel, téh! cenah deui.
      Kadieu siah, anjrit! Beuki tarik.
      Tapi taya nu robah.
      Sok atuh téwak ari wani mah! Cékéng rada ngancunan.
      Awak asa beuki ngaluhuran. Geus rék nepi kana lalangit. Leungeun-leungeun nu keur tarungkul téh terus ranggah. Sapasang-sapasang ngacung ka luhur lir nunjuk langit. Tapi lain nunjuk ka kuring.
      Hag, Si Mamah ambek geura! Héy, turun! Terus tingjorowok, tapi asa beuki ngaweuhan. Siga sora nu keur ngajauhan.
      Hayoh ka dieu, balik deui! Ayeuna mah semu hawar-hawar.
      Ka dieu, pleasé. Ceuk sora leuleuy.
      Sora nu dituturkeun paneuteup jeung ramo-ramo ngagupay.
*** 
BRAY. Beunta deui. Lilir deui. Angger kénéh mongkléng alias poék. Auk, ah, gelap!
      Geus ngimpi deui, gerentes téh.
      Mun kieu terus, nya mémang geus kuduna. Meureun teu kudu mamaksa hayang geura beurang. Peuting jeung beurang gé sarua meureun. Ngan pédah aya caang jeung poék. Kalah aral maksa hayang geura panggih jeung caang gé, ari nu aya poék deui poék deui mah.
      Ngan, rék naon lampah lamun peuting terus-terusan taya anggeusna. Piraku ngan saré jeung ngimpi onaman.
      Aya sakotrét sinar dina jero sirah nu nyabit kajadian ieu aya kakaitan jeung datangna lebur kiamat.
      Moal rék papanjangan nyaritakeun kolébat pikiran éta.
      Moal diinget-inget.
      Can waktuna!
      Sanajan bisa jadi ieu salah sahiji tanda-tanda datangna Kiamat. Tapi ukur hiji tanda. Karék cenah éta ogé. Cenah, salah sahiji tanda datangna poé kiamat téh bakal ngalaman peuting terus-terusan lilana opat puluh poé opat puluh peuting.
      Ceuk kuring, teu manjing logika. Sabab kiamat mah lain logika, tapi kayakinan. Sabab mun ngudag logika, kiamat geus datang ti béh ditu mula. Mun maké tanda-tanda tina laku lampah jalma nu tibalik siga lalaki boga kalakuan jeung pamaké nurutan awéwé atawa sabalikna awéwé nu siga lalaki, kapan ti abad ka-19 gé geus aya.
      Susah muguhkeun watesanana ogé. Aya nu nyebutkeun lalaki niron-niron awéwé téh mun buukna panjang, gumeulis maké seuseungitan, jeung maké pakéan kawas awéwé. Kapan jaman Romawi mah lalaki kalolobaanana gondrong. Atuh wadya baladna ogé maké seragam nu mangrupa andérok.
      Pon kitu deui awéwé nu pupurutulan niron-niron jalu, ti jaman Rénnaissancé gé geus nyampak. Modél-modél nu biasa jadi obyék lukisan. Malah kapan Cléopatra gé teu kacaritakeun maké rok panjang atawa longdress jeung kabaya, upamana.
      Nu loba percaya kana datangna kiamat dumasar kana logika nyaéta tina pananggalan sélér Maya di Amérika Latin. Cenah, kiamat bakal datang taun 2012. Malah dipastikeun poéna ogé meneran tanggal 21 bulan 12 taun 2012. Anu saterusna digambarkeun dina film jieunan Roland Émmérich judulna 2012. Kiamat nu cenah nurutkeun kana pananggalan jeung tanda-tanda sélér Maya, tapi jolna bet kana carita lalampahan Bahtera Nabi Nuh.
      Tapi kiamat lain ayeuna. Sanajan peuting nepi ka ayeuna can kénéh manggih tungtung. * 
DINA mongkléngna peuting. Teuing impian nu kasabaraha, kuring kahudangkeun ku hawar-hawar asa ngadéngé sora nu nembang. Enya, mun ngaregepkeun galindengna mah puguh wanda tembang, lain aweuhan tahrim. Sidik. Aya guru laguna. Aya guru wilanganana. Semu murwakanti. Pupuh kinanti. Halon, teu dibedaskeun sorana. Tapi atra kecap-kecapna. Malah rénghap tiap ganti padalisan gé jéntré pisan.
      Beuki lila beuki atra. Sora tembang beuki ngadeukeutan. Beuki deukeut beuki tambah jéntré, geuning lain hiji sora nu nembang téh. Tapi sora rampak nu gumulung jadi hiji sora. Gerendeng nu ngagalindeng.
      Aya cahaya nu ngolébat tina jandéla. Lain cahaya bulan.
      Nu ngolébat beuki nambahan.
      Kuring nyérangkeun tina jandéla. Siga aya cicika gegeleberan. Cicika hiji gegeleberan meuntasan sela-sela daun. Nyaangan dahan-dahan. Aya hiji deui cicika. Nambah deui. Jadi sababaraha. Jadi loba.
      Tapi, salian ti nambah loba, cicika téh jadi ngagedéan. Cahayana buleud siga lampion. Ngajajar. Patutur-tutur. Oyagna bareng. Majuna bareng.
      Horéng cicika téh ngagantung dina tali. Tali nyangreud kana iteuk panjang. Iteuk dicekelan ku sapasang leungeun. Sapasang leungeun nu kaluar tina jubah panjang. Jubah hideung.
      Geuning lain cicika. Sidik ayeuna mah nu caang téh lantéra nu digantungkeun dina iteuk. Hiji. Dua. Tilu. Tujuh. Sapuluh. Leuwih ti sapuluh lantéra. Tuh, nambahan deui. Jadi sabelas. Tujuh belas. Dua puluh. Tilu puluh. Euleuh, puluh-puluh jalma dijubah hideung ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut mawa lantéra bari nembang.
      Cepet muru ka wétan.
      Rék kamarana kawétankeun?
      Ka tempat bijilna srangéngé unggal isuk. 
      Boa, rék mapag panonpoé kitu? Néang matabeurang nu teu jol datang. Husu ngajingjing lantéra, siga keur nyaangan jalan tincakeun. Tapi siga nu ngahaja mekel cahaya keur nyeungeut panonpoé nu sigana pareum anu matak teu meleték nyaangan alam dunya ogé.
      Boa kétah lantéra keur ngogan sangkan balébat datang. Siga Dayangsumbi nu ngondang balébat ku cara meberkeun boéh rarang di tebéh wétan.
      Papada hayang mungkas peuting nu teu manggih tungtung.*  
ASA ngadéngé sora kongkorongok hayam. Hawar-hawar. Lain kadéngé ngokna wungkul. Jelas jeung kongkorona ogé. Kongkorongok, cenah.
      Kongkorongok pondok. Henteu melung. Tapi keukeuh kongkorongok. Mun geus kongkorongok hayam mah pasti téréh beurang. Biasana, mun geus aya sakali kongkorongok sok ditéma kadua kali. Terus sok ditémbalan ku kongkorok séjén. Terus silih témbal. Patémbal-témbal. Jadi raong kongkorongok, biasana.
      Tapi sora kongkorongok téh anggér hiji kénéh. Nu éta kénéh. Sorana kitu-kitu kénéh. Pasti hayamna gé éta-éta kénéh.
      Lain kitu éta mah kongkorongok hayam nu ceuk kolot kila-kila aya nu reuneuh jadah? Aya nu hamil teu boga salaki. Ngakandung anak taya bapaan. Piring pisin diragaji, colénak dikalapaan téa, meureun.
      Mungkin waé sora kongkorongok hayam katipu. Disangka balébat, padahal hayam lulungu ningali aleutan jalma nu mawa lantéra. Euh, boa enya éta mah hayam nu sérab ku cahaya lantéra. Hayam nu ngadago-dago datang balébat, tapi teu embol-embol. Ari torojol aleutan lantéra nu caangna ngembat siga gurat balébat. Atuh, der wé kongkorongok.
      Halah, hayam teu gableg cedo.
      Tapi angger masih kénéh peuting nu teu manggih tungtung.*  
MUN Dayangsumbi bisa nipu wanci, naha urang gé bisa? Sang Dayang nyambat balébat nu can waktuna datang. Mun balébat jeung kongkorongok hayam cukup jadi wates antara peuting jeung beurang, meureun ayeuna gé balébat bisa diogan sangkan datang megatkeun lampah peuting nu teu daék lekasan.
      Kapan cukup ku mébérkeun boéh rarang, gawé sapeuting jeput Sang Kuriang tumpur. Balébat datang. Talaga teu anggeus. Parahu dibalangkeun sina nangkub.
      Mun kitu, peuting nu panjang téh bisa dirékayasa sangkan tamat. The énd. Baganti jeung beurang. Peuting ganti ku beurang. Poék kasilih ku caang. Geus poék tuluy caang. Habis gelap terbitlah terang!
      Cik, lamun ayeuna aya boéh rarang dibébérkeun di beulah wétan, naha kira-kirana balébat bakal datang? Kumaha lamun ku cahaya nu leuwih rongkah? Ku boéh rarang wae bisa, komo mun ku nu leuwih ti kitu. Ku nu leuwih bodas ti boéh rarang.
      Bisa ku kembang api atawa merecon.
      Bisa ku sinar laser. Cahaya halogén. Nuklir.
      Sinar gamma!
      Sugan bisa nganggeuskeun peuting nepika manggih tungtung.***

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"