Asa waas nyawang masa-masa lawas, basa anyar mangkat ka Jakarta, sadaya warga pada ngarakacak matana, jajap ka jalan aspal pada ngadadahan. Haat ka awak, mangkat ka jakarta kana kandaraan panjang, ngahaja mawa babawaan ngan sa tas ngarah gampang dan aman, maksadna mah ngan hayang ngajaran ngalalana mapay pakasaban, sajabana aya amanat Bapa ngarah ngajang ka alamat baraya… nya alamat Wa Maman rakana Bapa.
Pas datang ka Jakarta, kalah ngaprak-ngaprak alatan tatanya ka sasabaraha jalma nanya-nanya alamatna Wa Maman. Sangsarana mah sangsara ngan wajar lah… pan kakara datang ka Jakartana. Gara-gara lawas tatanya, awak karasa nahnay, nya halabhab, nya lapar hayang dahar, ragamang kana tas alakadalah asa karagragan mas “Pan saya mawa adaharan” alatan laparmah nya kadaharan na tas ka dahar sadaya, asa jagjag kana awak tas daharmah.
Nya alatan tatanya ka sababaraha pangkalan, ka lapak-lapak pasar … alamat Wa Maman karalat, aya na kawasan Gang Mangga, Jalan Angsana Raya. Wakcana mas-mas asal jawa mah “Lapakna palangkakan jalma parah” matak waas hayang ngasaan…., ngan hanjakal taya daya, lantaran Mak saya babasan ka saya “Ka Jakarta mah Jang jangan sakaba-kaba, aya tatak ramana, jangan salah mata, awas ka sasaha, jangan salah nyabak sagala lah” hallah..ha.. ha.. ha.
No comments:
Post a Comment
Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.