Tuesday, October 16, 2012

Asalna manusa tina hiji wujud anu bakal ilang


iji wujud anu bakal perlaya
Leungit bentuk ilang rupa
Nembus alam taya cahya
Mangsa nyawa kaluar sakuduna
Tina jasad….ragana manusa
Manusa…
Naon anu bisa dibawa
Kana liang hiji ka dua
Anu heurin pikeun usik, anu heureut pikeun ngejat
Paadu tuur jeung padung,Pakeupis leungeun jeung lalandak
Manusa…
Naon anu bisa dibawa
Sabab harta ..geuning taya harti
Pangkat jabatan taya guna
Sanak baraya moal maturan
Sakabehna taya bisa anu nulungan
Manusa…
Wujud jeung rupa
Sagalana saukur titipan
Hanteu bisa ngabogaan,najan salambar…
Buuk …anu jadi itungan…
Manusa…
Eta wujud anu bakal perlaya

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"