Di masjid
Kuring palid
Dina hiji walungan dzikir
Nu ngamalir
Ka lebah kiblat
Ngangkleung kuring
Kabandang caah cimata dosa
Rumasa baheula mah mindeng teuleum
Dina leuwi kamasiatan
Basa anteng kokojayan na botol arak
Atawa rucah
Na saban lombang tambakan syahwat
Palid kuring
Ka lebah jempling
Ngangkleung kuring
Na umpalan petengna peuting
Hawar-hawar kareungeu séah sagara
Mapag haté nu ngayambang di muara
Muarana mangrupa duá
Terus ngamalir saméméh anjog
Ka laut kubur
Kuring palid
Dina hiji walungan dzikir
Nu ngamalir
Ka lebah kiblat
Ngangkleung kuring
Kabandang caah cimata dosa
Rumasa baheula mah mindeng teuleum
Dina leuwi kamasiatan
Basa anteng kokojayan na botol arak
Atawa rucah
Na saban lombang tambakan syahwat
Palid kuring
Ka lebah jempling
Ngangkleung kuring
Na umpalan petengna peuting
Hawar-hawar kareungeu séah sagara
Mapag haté nu ngayambang di muara
Muarana mangrupa duá
Terus ngamalir saméméh anjog
Ka laut kubur
No comments:
Post a Comment
Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.