Tuesday, October 16, 2012

Heuheuy Deudeuh


hayang wakca kasalira
ngabalakakeun rasa katresna
neundeun kadeudeuh  nunda kanya'ah
nawiskeun ka asih nu kacida ageungna

hanjakal taya daya ngan sa ukur ngusap dada
basa salira mundut pamenta

kapal udara sareng lapang bola
mas kawina emas di luhur monas atawa ku menara pizza
teu kapalang mundut deui sertifikat asli sawarga
sareng surat katerangan bebas naraka

duh jungjunan naha meni pohara
kapalay teu pisan pisan abotna
...

untung kaburu datang bapana
ngagupayan mere tanda
kuring nyampeurkeun teu asa asa
bari hate teu paruguh kudu kumaha

harewos bapana nyarita
kade nitip anak bapa ulah di kukumaha
tepi ka ayeuna can kaburu di bawa ka rumah sakit jiwa
lantaran bapa teu boga biaya

pajarkeun teh cinta mah buta
nu puguh mah mata 
nu gelo ge teu kadeuleu 
heuheuy deudeuh...

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"