Monday, October 22, 2012

jalu..

alu kasep…
aya nu nyebutkeun hirup teh lir ibarat pawayangan… rek kitu – rek kieu si objek teu bisa kukumaha da sagalana kumaha karep ki dalang…. kitu oge dina kahirupan jalu… aya nu nyebut keun urang mah mahluk nu teu daya upaya…. sagalana geus di atur ku pangeran lahir,pati, bagja jeung cilaka… anjeun rek satuju atawa heunteu bapa moal maksa… di hiji sisi memang bener, urang sabage mahluk memang teu daya teu upaya anging Alloh SWT nu kawasa… tapi kasep… bapa boga kayakinan, yen Gusti Nu Maha Suci ngan saukur ngatur lahir jeung pati…. ari eta ngenaan bagja jeung cilakamah urang nu nangtukeun….
jalu anaking….
nu matak eta urang kudu hirup luyu jeung aturan agama nu bener…. anjeun kudu bisa milah jeung milih… mana jalan aturan hirup keur kasalametan dunya jeung ahkerat… mana jalan aturan nu lamu ku urang di rempak bakal mawa hidep kana jalan kasesatan jeung kacilakaan…..
jalu…. kahade ulah salah pilihnya…..

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"