Monday, October 22, 2012

Lalampahan

Cik kènèh gumelar ka ieu dunya
Ngocèak ceurik teu kawawa
Tingpepereket angkuhan teu kuat
Nyorang kahirupan dunya
Saban waktu, saban poè, saban taun...
Ngarasa lewang, ngarasa ringrang
Hatè hariwang anu gudawang
Ngalakonkeun hirup nu bakal kasorang
Lèngkah nu pasolèngkrah
Lalampahan nu teu saarah
Mingkin nyampak dina kahirupan
Nu taya ras-rasan


Geus aya ugeran nu teu samanéa ngatur sagala! kudu sadar kana udagan
lain pujian nu diseja, èstu sadrah, ijiranna ibadah
Geus tong salèmpang
Geus milampah nu didasaran ku ibadah
moal aya katugenah bakal ngareunah
hiji waktu bakal kasorang,
bakal karandapan
mapag pati
hamo bisa ngejat najan ukur sakedapan..

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"