Tuesday, October 16, 2012

Tresnaning Tresna


Bet gumeter ramo-ramo haté kuring.
Ngagupay-gupay salira.
Geus lawas teuing ku lawas,
madu anggang ti amisna.
Nya ieu kuring maduna, bet piraku ilang sari
salawasna.
Saban rénghap pirang-pirang binih kembang
ditebar salega sukma.
Bari disiram kamelang, bising
garing pepetétan.
Geus lawas teuing ku lawas.
Geuning salira teu rekah na amparan taman kuring.
Duh, tangkal
nu ditilar kembang.  
Geuning daunna muguran. 
Tuluy kuring ngarangrangan.
Salawasna.

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"