Wednesday, December 29, 2010

Carita urang

CARITA urang, enya, ukur dongéng sakedapan. Nu sok datang ngaléndéan implengan, najan urang geus teu hayang kapahung dina laku nu namperkeun katugenah.

"Kahayang mah lila panggih téh," cék anjeun, harita. Sora nu teu pati pertéla, temahna mah ngagulidagkeun lambak nu mokaha, na jero dada.

Kuring unggeuk. Teu wasa ngahulag ka nu rék mulang. Lain teu hayang, tapi teu boga hak pikeun nyaram.

Pasosoré nu biasa. Taya layung atawa girimis nu biasa sok dijieun panganteb suasana dina hiji carita cinta, ti alam pilemburan nu geus arang kaanjangan. Ukur aya patalimarga nu teu reureuh, sapanjang jalan nu butbat di ieu dayeuh. Ditambah sora-sora galécok, dina haté. Sora-sora nu teu bisa diperuhkeun, ku maliré perkara lian nu ngahaja dibetot dipikiran.

Anjeun téh lain sasaha, najan enya kungsi ngawasa ieu rasa. Lalakon geus dipadakeun, dina wirahma pamungkas hiji lagu kangungun. Teu kudu néangan lebah mana salahna, da nu diaku bener gé boa ukur sakadar angkeuhan. Ukur keur ngabeberah rasa nu kalan-kalan hésé néangan alesan ku naon urang kudu terus ngajarumat tineung, sabot dina kanyataan nu namper ukur boa jeung biheung. Jiga basa urang tepung pikeun kasakitu kalina, di tempat nu béda. Mangsa urang keur réa alesan pikeun nganteur kahayang, najan geus yakin nu dilakonan téh lain hancenganeun urang.

"Manéhna keur ka luar kota, jigana aya kana samingguna," sora anjeun lir ngaweuhan dina sumpeg dada kuring.

"Tapi urang angger teu bisa lila patepung."

Anjeun tanggah, "Naha?"

Sorot panon nu teu robah ti keur jaman kuliah. Sorot nu teu weléh nangtang sakaligus sumerah.
Teu bisa némbalan. Jeung deui anjeun gé tangtu surti, yén teu kabéh patalékan merlukeun pisan jawaban. Kapanasaran tina galeuh kaguligah, éta pisan kapan nu remen jadi tanaga sangkan urang tepung deui; sangkan urang teu leungiteun pangjurung saméméh mapaykeun sepi.

"Cinta téh kulambu hideung, lain wungu. Nu jadi wates kateuneung, sabot silung hiji lagu."

"Emh, penyair kapalang. Puisi keur saha éta?"

Kuring netelkeun curuk kana dada anjeun nu beuki ngangseg. Anjeun seuri. Napas anjeun antel kana biwir panon kuring.

"Teruskeun ulah?"

Napas anjeun karasa turun kana irung, terus kana biwir.

"Ulah, puisina gé teu éndah ieuh."

"Geuning baréto kungsi muji basa di kampus?"

"Pédah wé karunya, geus nyajak euweuh nu muji."

"Jadi kumaha atuh?"

"Jejewét wé keretasna."

"Nyaah."

"Teruskeun atuh."

Hégakna karasa panas.

"Hiji ranjang tempat urang remen tepung, ukur dunya nu saules jeung impian."

"Kitu nyah?"

"Meureun."

Geter biwir anjeun nyaliarakeun peurah, "Remen pisan aya sora nu nyalukan, sapanjang lulurung jempling. Nu terus jadi karaha dina méméncos jarum jam. Sabot wanci aya di luar itungan. Sabot langlayangan peuting rangsak na tungtung kapakan."

"Langlayangan peuting? Jiga dina kawih éta mah." Ras kana hiji lagu. Heubeul pisan teu ngadéngé laguna. Lagu nu remen dihariringkeun ku anjeun baheula.

"Baé. Niron saeutik."

"Maksudna bulan?"

"Enya, bulan nu pejét sanggeus dialungboyongkeun angin."

"Angin naon?"

"Angin hideung. Angin nu taya pisan rasrasan."

"Naon maksudna?"

"Naon wé, moal dibéja-béja." Anjeun ngégél biwir kuring.

Kuring muringis, anjeun mah kalah seuri. Terus cengkat, turun tina ranjang.

"Mémangna aya angin hideung kitu?"

"Éta sugan, aya kitu kulambu hideung?"

Heueuh, kekecapan ku bisa dirugal-rigel, pikeun ngungkarakeun hal nu bakal kacida nyiksana mun dikedalkeun saujratna. Naha urang sok terus jiga nu betah diulinkeun kaguligah? Naon nu karasa méméh tepung, kalan-kalan sok tambah parna sanggeus urang pajonghok téh. Lain terus cageur.
Harita, sanggeus urang duaan ngalamun rada lila, anjeun terus nangtung, rap maké pakéan. Teu dangdan deui jiga biasana, anjeun anggur melong ka luar jandéla. Melong lampu-lampu nu baranang.
"Bangun rék saendeng-endeng katiga."

Di buruan kekembangan katémbong alum. Padahal mah meureun sok remen dicéboran ku patugas hotél.

"Moal lila gé usum hujan. Terus banjir," cekéng, tamba.

"Teu bisa dipastikeun ayeuna mah usum téh. Séptémber nu kuduna usum hujan, ayeuna mah teu sakeprul-keprul acan."

"Engké gé bakal hujan mah atuh."

Anjeun malik,"Teu kudu dicaritakeun atuh éta mah. Pan sagala rupa gé papasangan."

"Enya. Poék-caang. Beurang-peuting. Awéwé-lalaki.

"Bungah-susah. Aya-euweuh..."

"Naon deui?"

"Mémangna kudu disebutan kabéh?"

"Cukup tepi ka aya jeung euweuh?"

"Hmm. Dua kecap éta bisa ngawakilan sakabéhna. Nu aya jeung nu euweuh."

Heueuh. Tapi kalan-kalan urang sok maksakeun karep, nu euweuh diaya-ayakeun, nu aya dianggap euweuh.

Najan aya nanaon na haté urang, datang ka imah mah kudu disina euweuh, sangkan nu aya teu dianggap euweuh. Anjeun gé meureun sok aya nu nanya, enya batur saimah, mun pareng mulang ti tempat urang tepung, hég di imah nyampak manéhna. Jiga mun kuring mulang. Mun di imah kabeneran aya manéhna nungguan.

"Tas ti mana heula?" kitu biasana.

"Rapat perusahaan," teu loba carita.

"Ku naon bangun nu teu sono?" cenah mun kuring terus ka dapur, muka kulkas, nginum citiis.
Cukup ditémbalan ku seuri, terus disampeurkeun. Méméh gék diuk gigireunana, leungeunna mah sok geus ngaléng kana cangkéng. Terus ngaléndotan.

Kuring mah bet sok inget ka anjeun.

"Teu kudu inget salalawasna." cék anjeun hiji waktu.

"Naha?" Ih, naha kuring maké nanya?

"Pan urang téh geus lain rumaja nu kudu hantem nganteur implengan," cék anjeun.

Aya waktuna tepung, aya waktuna kudu nyalindungkeun kakangen. Kitu meureun maksudna.
"Basa éta hampura nya, teu kaburu nelepon-nelepon acan. Salaki ngadadak balik ti Jogja. Awakna paranas. Ngadadak ogoan deuih, hayang diusapan sapeupeuting." anjeun tungkul. "Di Jogja téh cenah inget waé ka nu di imah. Sono hayang gancang balik."

Kuring ukur neuteup panon anjeun, nu katémbong rada beueus. Sapasang panon nu kiwari keur satékah polah dipopohokeun. Lain dipopohokeun sina leungit tina pikiran, tapi diperuhkeun sangkan teu terus népakeun leugeut nu matak tibelat.

Hawa Jakarta karasa bayeungyang. Di buruan hiji kafé, simpé jadi bagian tina lagu jazz nu antaré milu ngawilah-wilah gerentes haté. Réa nu hayang diomongkeun téh, jiga basa urang baréto kapaksa kudu papisah. Jiga basa kuring hayang ngajorowok satakerna, sangkan sora bisa meuntasan legana sagara, sanggeus ngarasa yén urang biheung bisa deui panggih. Ukur ku hiji kajadian nu teu disangka urang tepung deui téh, di kota ieu, sanggeus nyorang mangsa nu teu bisa dipungpang milu ngarobah ringkelna gurat nasib.

"Akang gé da basa éta téh malah teu asup gawé, nganteur nu di imah ka dokter, dipariksa kandungan."

"Geus sabaraha bulan cenah?"

"Tilu."

"Kadé ulah sina digawé beurat. Kudu loba istirahat, rentan kénéh tilu bulan mah." anjeun mapagahan. Ramo-ramo anjeun gep dicekel. Teu ngépéskeun anjeun gé. Malah malik ngaranggeum, tapi asa bangun biasa ranggeuman téh.

Kuring surti. Ngucap nuhun kana sagalarupa nu geus kaalaman. Anjeun unggeuk, terus ngalieus. Nyumputkeun cipanon.

Geus pasti bakal aya nu robah dina poé-poé nu bakal datang. Dina sésa lalakon. Najan basa anjeun ngadius ka kulonkeun, tur kuring mulang ka wétankeun, di tetengah tempat urang pataréma leungeun bari satékah polah nyumputkeun geter séwang-séwangan; urang babarengan nancebkeun kayon. Lain tetengger, da puguh taya nu bisa dikubur. Ukur ciri, yén sakabéhna kungsi aya, tur kungsi jadi banda nu ngalengkepan hiji carita. Carita urang nu kalayan sadar kudu dipunggel lebah dinya. (*)

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"