Sada gugur dikapitu
Sada gelap ngadasaran
Kendang sada ciang-ciang
Sadrah tepak raden sancang
Di geng gong tara katembong
Nyeri dumehna patebih
Nalangsa dumehna paanggang
Patepang ukur impian
Tibelat taya kendatna
Hanjelu teu kapegung
Sada gelap ngadasaran
Kendang sada ciang-ciang
Sadrah tepak raden sancang
Di geng gong tara katembong
Nyeri dumehna patebih
Nalangsa dumehna paanggang
Patepang ukur impian
Tibelat taya kendatna
Hanjelu teu kapegung
Di tangtungkeun wuwuh lanjung
Lir cahya kakalicesan
Wuwuhan nambahan kagagas
Melang barang diri gering
Karasa tunggara mawa rasa
Mumuara na hate katirisan
Sorot mencrong sugan katembong
Sono lawas teu patembong
Patilasan iwal impian
Lir cahya kakalicesan
Wuwuhan nambahan kagagas
Melang barang diri gering
Karasa tunggara mawa rasa
Mumuara na hate katirisan
Sorot mencrong sugan katembong
Sono lawas teu patembong
Patilasan iwal impian
Minangkala jeput cipanon
Tumampra neda pido’a
Tibelat taya kendatna
Nu taya bebentangannana
Sesah milari bandingannana
Melangna diri ka anjeun
Silang landih cahayaan
Langkung dawuh hate ngaistrenkeun
Marga rahayu jembar kapidangkeun
Kasebat ngaran keur budak
Kasebit ngaran keur leutik
Kasebut ngaran keur lembut
Nelengnenggung nelengnenggung
Geura gede geura jangkung
Sing tawakal midangkeun akal
Ringkuh ampuh ku pangaweruh
Lunguh tarapti mawa kana diri
Pageuhkeun rasa pangeling
Nyileuk hate ukur ka Gusti
Tumampra neda pido’a
Tibelat taya kendatna
Nu taya bebentangannana
Sesah milari bandingannana
Melangna diri ka anjeun
Silang landih cahayaan
Langkung dawuh hate ngaistrenkeun
Marga rahayu jembar kapidangkeun
Kasebat ngaran keur budak
Kasebit ngaran keur leutik
Kasebut ngaran keur lembut
Nelengnenggung nelengnenggung
Geura gede geura jangkung
Sing tawakal midangkeun akal
Ringkuh ampuh ku pangaweruh
Lunguh tarapti mawa kana diri
Pageuhkeun rasa pangeling
Nyileuk hate ukur ka Gusti
Geus kodratna hirup dina alam saliwat
Nyorang mangsa teu dipenta ti anggalna
Pakupis kalimpud ku karipuh
Ngan keur nu pangedulan bakal karugian
Lolongkrang karipuh jadi alesan
Padahal ramo lengkep sapuluh
Padahal suku panceg ngalengkah
Mapaes maneh ngadiprek nampa pangasih
Lain ngahalangan rejeki nu katampi
Lain iri ku janji-janji nu teu bukti
Geus puguh hirup keur susah
Geus puguh nagara keur payah
Geus waktuna hirup kudu robah
Geura parigelkeun ramo
Geura lengkahkeun suku
Nincak ambalan jauhkeun pancekadan
Ronjatkeun ajen diri ku pangarti
Geura balik kanu hiji
Hiji dzat iwal ti Gusti
Rrejeki moal pahili
Bagja moal paala-ala
Pageuhkeun pancakaki
Someah lain ukur ka diri
Da hirup teu salawasna di luhur
Kudu inget ka handap tempat urang baheula
Rapetkeun barisan dina hiji tujuan
Dinamis ngayonan perkembangan jaman
Nendangan hahalang kamajuan jaman
Eksistensi cicing pananjeur kahirupan
Nyorang mangsa teu dipenta ti anggalna
Pakupis kalimpud ku karipuh
Ngan keur nu pangedulan bakal karugian
Lolongkrang karipuh jadi alesan
Padahal ramo lengkep sapuluh
Padahal suku panceg ngalengkah
Mapaes maneh ngadiprek nampa pangasih
Lain ngahalangan rejeki nu katampi
Lain iri ku janji-janji nu teu bukti
Geus puguh hirup keur susah
Geus puguh nagara keur payah
Geus waktuna hirup kudu robah
Geura parigelkeun ramo
Geura lengkahkeun suku
Nincak ambalan jauhkeun pancekadan
Ronjatkeun ajen diri ku pangarti
Geura balik kanu hiji
Hiji dzat iwal ti Gusti
Rrejeki moal pahili
Bagja moal paala-ala
Pageuhkeun pancakaki
Someah lain ukur ka diri
Da hirup teu salawasna di luhur
Kudu inget ka handap tempat urang baheula
Rapetkeun barisan dina hiji tujuan
Dinamis ngayonan perkembangan jaman
Nendangan hahalang kamajuan jaman
Eksistensi cicing pananjeur kahirupan
Keur anjeun nu kungsi minuhan lamunan
Keur anjeun nu kungsi maturan dina impian
Keur anjeun nu kungsi mapaes hate
Keur anjeun nu terus cindek na dasaran hate
Keur anjeun nu nuju nyorang 17 Januari… wilujeng Ulang Taun
Hapunten akang seueur salah, seueur dosa…
Terus miharep� ngudag-ngudag kalangkang anjeun
Beurat renghap mawa rasa nu nyiksa…
Keur anjeun nu kungsi maturan dina impian
Keur anjeun nu kungsi mapaes hate
Keur anjeun nu terus cindek na dasaran hate
Keur anjeun nu nuju nyorang 17 Januari… wilujeng Ulang Taun
Hapunten akang seueur salah, seueur dosa…
Terus miharep� ngudag-ngudag kalangkang anjeun
Beurat renghap mawa rasa nu nyiksa…
Naha anjeun…
Ngajak lalayaran ka alam katukang
Nurih hate ku duriat sajorelat
Ngagerih ku kadeudeuh ngan saliwat
Ngajak lalayaran ka alam katukang
Nurih hate ku duriat sajorelat
Ngagerih ku kadeudeuh ngan saliwat
Naha salah…
Simpay katresna jadi ngabeungkeut
Hate simpe terus miharep
Geugeut nu ngancik jadi cindek
Simpay katresna jadi ngabeungkeut
Hate simpe terus miharep
Geugeut nu ngancik jadi cindek
Naha salah…
Lamunan diri terus kanceuh
Rasa deudeuh terus nyantel
Ka anjeun carita lawas
Lamunan diri terus kanceuh
Rasa deudeuh terus nyantel
Ka anjeun carita lawas
Diri pinuh ku lalangse hate
Gurat duriat datang teu bebeja
Jol nyampak mawa hariwang
Midua rasa lain dihaja
Gurat duriat datang teu bebeja
Jol nyampak mawa hariwang
Midua rasa lain dihaja
Duh geulis�hate akang tiris ku hujan kapeurih
Ngagerih ati sumarambah kana bayah
Ragab ka wanci era ku duriat nu ngancik
Terus miharep simbut panyinglar katresna
Ti anjeun tempat pangulinan lamunan
Kabeuweung kamana bae hate ngumbara
Kawengku ku laku jadi baju saestu
Ngagerih ati sumarambah kana bayah
Ragab ka wanci era ku duriat nu ngancik
Terus miharep simbut panyinglar katresna
Ti anjeun tempat pangulinan lamunan
Kabeuweung kamana bae hate ngumbara
Kawengku ku laku jadi baju saestu
Duh geulis ..hate akang tireb ku ibun kasepi
Lieuk dengeun ragap taya
Mapay dahan panangeuhan taya kaharti
Kacinta anjeun ngan ukur patilasan lamunan
Singkur saukur gugupay hate nu ngahelas
Duriat hate jadi hanjuang nu ngabatu
Ciciren kamelang samoja kacinta
Lieuk dengeun ragap taya
Mapay dahan panangeuhan taya kaharti
Kacinta anjeun ngan ukur patilasan lamunan
Singkur saukur gugupay hate nu ngahelas
Duriat hate jadi hanjuang nu ngabatu
Ciciren kamelang samoja kacinta
No comments:
Post a Comment
Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.