Thursday, October 25, 2012

ASIH PEURIH

Hariring katresna ngamuara dina dada
Ngagalindeng geugeutna katineung rasa
Ngalangkangan ngagupay tilam kaheman
Geuri peurihna ati narawangan mangsa tepang

Keclakna cisoca mapaesan ati gandrung kapidangdung
Geter katineung ngawangwang kalbu manteng nuliwung
Nyanding sumalanding ngarambah bagja lamunan
Asih peurih nu baris neumrag.. lara mun kalakonan

Diri nu leungiteun puntangan pangharepan
Disuluran kaasih kageugeut anu maneuh
Nu janten pangreugreug kalbu tingtrimna ati
Anu saenyana teu kedah tumiba kana diri

Kiwari kadeudeuh geus nyangreud pageuh
Keueung mangsa ngambah nubakal karandapan
Nanging geterna katresna ngamuara dalah kumaha
jeritna ati nu nalangsa taya tangan pangawasa

mungguh kapeurih sabudeureun cinta urang
Kalbu nguyung ngarungrung angen jeung pangharepan
Kasmaran ngahudang ewuh jeung pamadegan
Nalangsa nyawang laksana inggis nilas mungkas satiana cinta

Mung ka Alloh abdi muntang Mung ka Gusti Illahi Robbi abdi nyungkeun pitulung
Teu daya Teu upaya Anging Alloh Nu Maha hampura

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"