Saturday, October 20, 2012

GEUS ANGGEUS CARITA.

Jamparing asih anu mapaesan hate lawas teu nembongan,sugan pareng netes wahangan aya kaasih anu ngalir dina wahangan jugjugeun wanci janari, geretegna kanyaah teu weleh ngumbara dina sawangan lamun wanci peuting keur sepi jempling asa karasa asihNA welasNA,, ngan ayeuna tinggal carita nu mawa basa peurih tumarima, asih urang robah kunu lian lain ngan saukur babasan tapi kabuktian salira geus ngahontal manah nu te kedah di pepeskeun kana hate kuring, kuring siap ngojayan caah kanyeri dina ati anu ges di papalerkeun harita,,,, Hampura hirup kuring pernah ngancik dina hate salira nu ayena ges mepes keuneueues ku nu lian, kuring ngan ukur sajorelat timangsa hirup salira,,,, hampura hampura,,,,,,,,,,,,

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"