Saturday, October 20, 2012

TEMBANG PATURAY

Liuh linduh dina tatangkalan peuting
Manglaksa kuricak bentang baranahan
Tingkariceup, bangun anteng ngajak katineung
Nu nampeu na bangbaluh caya bulan
Mapayan mega jeung halimun
Kabawa palid sumilir angin
Ka basisir lamping asih tina ati
Tuluy neumbrag guligahna seah ombak
Panglamunan…….

Anjeun nu labas ingkah ka jomantara
Ilang tapak teu kateang lengkah mangsa
Basa nyanding balayaran pamayang batin
Na tamela nu ngayambang luhur lautan
Nu gumuruh reuntas harepan

Kamelang, kiwari ngancik dina hujan
Ngaririncik maseuhan rasa
Sieun anjeun teu mulang datang
Mayar jangji rek panggih deui

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"