Saturday, October 20, 2012

HAMPURA

Enya kuring nu salah
narima, da memang kasalahan aya di kuring
kuring geus joledar ka hidep
sanajan anjeun tetep ngabalieur
kuring tetep mikatresna
keun, carita lawas urang tutup semet dieu
hampura, kuring hampura
kuring, nyarita kitu teh bakat ku teu nyangka
tapi, naha anjeun ngabalieur ?
teu kudu kitu ari masih ngaku micinta mah
majarkeun cinta teh dadasar hirup anjeun
teuing, kuring nu teu ngarti ?
dimana ayana cinta anjeun!
cag nepi kadieu
kuring moal ngaganggu anjeun deui
hampura… hampura nu kamari,
hampura nu geus kaliwat
hampura kuring…
teu kudu diguar deui
da hirup urang teh maju ka hareup!
lain ngan ukur poe ieu
sugan isuk masih keneh aya harepan
urang bisa diuk babarengan deui
siga baheula, basa urang can nyaho hartina hirup

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"