Saturday, October 20, 2012

HAREWOS TI GUNUNG

Mangsa reupreupan,
angin mere beja.
Cenah,nu bajuang nyumput di gunung,
tina fitnah dunya nu kacida telengesna.

Teuing nepika iraha,
asruk-asrukan nyingkahkeun catang,
naratas jalan jajahan,
nancebkeun tuturus mere ciri,
sangkan teu kalangsu.
Pageto.

Bejana,mun nagri geus walagri,
nu nyekel aturan geus wijaksana,
lain ngan saukur dongeng,
lamunan nu can kahontal,
tug nepika kiwari,
nu nyumput rek turun gunung.
Muka lalangse nu pinuh ku pepedut,
rusiah nu acan kabuka.

Eta oge saukur beja,
harewos angin nu  malipir ka tukangeun imah.

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"