Tihang pananggeuhan geus ancur
runtuh ku rasa kasuka
ngalanjur rasa duriat
nu horeng saukur tameng
keur ngerid kabehanna.
Deudeuh.
Nanggeuy endog beubeureumna
jadi kareueus jeung angkeuhan
sing horeng leungit ti heula
kapakan talajak diri
nu teu wasa nyanghareupan
hirup nu pinuh ku siloka
pikiraneun nu boga uteuk.
Nu udar gelung,
bet teu ngaheruk
sukan-sukan taya rasrasan
boa ajen diri geus ilang
poho ditemah wadi
kalinglap ku haliyah dunya
nu nalikung saumur hirup.
Bet kuat cicing
hirup pada nyupata.
Beu!
runtuh ku rasa kasuka
ngalanjur rasa duriat
nu horeng saukur tameng
keur ngerid kabehanna.
Deudeuh.
Nanggeuy endog beubeureumna
jadi kareueus jeung angkeuhan
sing horeng leungit ti heula
kapakan talajak diri
nu teu wasa nyanghareupan
hirup nu pinuh ku siloka
pikiraneun nu boga uteuk.
Nu udar gelung,
bet teu ngaheruk
sukan-sukan taya rasrasan
boa ajen diri geus ilang
poho ditemah wadi
kalinglap ku haliyah dunya
nu nalikung saumur hirup.
Bet kuat cicing
hirup pada nyupata.
Beu!
No comments:
Post a Comment
Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.