Saturday, October 20, 2012

I LOVE YOU

Demi tangkal pangharepan
Anu ngakar dina karempan
: lamun aya waktu keneh pikeun urang neuleumanana
lautan nyaksi Panonpoe
bakal surup na soca anjeun

nu kiwari ceudeum langitna
nunggu peuting gancang datang
mamawa bulan, bari
neuteup kalangkangna anu ngangkleung
balayaran na sagara
sugan jeung sugan
ranggeuyan bentang maruguran
na keukeupan cinta urang
Demi areuy-areuy katineung
Nu ngaranggeum rasa kadeudeuh

: lamun aya kasempetan keur nadahna

mangka hujan moal reuntas turun ka dunya
nyeboran lemah duriat nu hanaang
balas lila kahalodoan
ngibun hate nu rancucut kaanginkeun
ku seah jaman jeung kanistaan
Demi hilir nu micangcam
Panggih ci nyusu na huluwotan

: kuring sadia nyumputkeun wanci

nu tinggal hiji rusiah ati
najan pati dirampas tungtung peso balati

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"