Saturday, October 20, 2012

ENDONESIA

Hujan, nyebitan mega
Nu ngangkeub na jero dada
Meupeus simpe ku gelap jeung kingkilaban
Ngabedah-bedah hate nu geus heubeul nyidem rusiah

: rusiahna Sangkuriang jeung Malin Kundang

Geuning lain saukur dongeng
Panganteur nyaah jeung geugeut
Jadi pitapak tina leugeut
Basa hujan anteng maseuhan
Teuneung katineung mangsa katukang
Aya tatit beureum bodas, ngajorelat
Nyamberan tungtung tihang bandera

Gedur seuneu
Ngahebos ketug ratug jajantung
Panas nyongkab na rantengna urat sarap
Ngabebela lebah walikat
Nu geus tatu balas nahan tenggoran batu

: batuna patung Malin Kundang
batuna gunung Sangkuriang

Ngan kiwari, kari rasa
Jeung rumasa nu tinggal sesa
Tingburial kahanjakal na lemah –
Cai nu ku urang dipupusti
Kabanjiran cimata indung
Kasupata cimata indung

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"