Sunday, October 14, 2012

Jemplig

Neuteup langit nu angkeub
Ngalunan halimun nu patuntun-tuntun
Aya gereget nu imeut, aya kanyeri nu nyamuni
Basa nyawang lamunan nu kungsi ngalun sapajaratan rasa.
Lebah mana purwacarita éndah?
Sajajalan ukur rumpaka-rumpaka tunggara

Jempling ngabelentrang lebaheun ceuli
Patung panineungan gugupay ipis
Ukur katembong imut-imut sombong.

Gening, jajantung téh lumukut sangka
Sagurat-sagurat kamelang mubyar lebaheun angen
rasa nu kiwari geus cacap lebah pangbelokan haté


Keretas-keretas calangap bangun halahab nunggu keclak aksara
minuhan lolongkrang pikiran
Bodas-hideung ngadodoho,
Silih usik, silih tarung lebah dada
Ngelebét-ngelebét bandéra jeung madhab nu baheula ngalalakon

Lebah mana Lampu nu baranang?
Kalebah mana rusiah diteuleum ?
Kiwari ukur nunggu girimis nu miripis ninggangan haté
Sabot anteng ngahuleng dipiring asmarandana.

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"