Sunday, October 14, 2012

Loba rumasa

Ngempur na kaanggangan
Ngalun ti leuwi siksa durjana
Muru asih nu mere peurih
Cenah bakal Musna ku mangsa, iraha?



Neuteup langit nu angkeub
Ngalunan halimun nu patuntun-tuntun
Aya gereget nu imeut, aya kanyeri nu nyamuni
Basa nyawang lamunan nu kungsi ngalun sapajaratan rasa.
Lebah mana purwacarita éndah?
Sajajalan ukur rumpaka-rumpaka tunggara

Jempling ngabelentrang lebaheun ceuli
Patung panineungan gugupay ipis
Ukur katembong imut-imut sombong.

Gening, jajantung téh lumukut sangka
Sagurat-sagurat kamelang mubyar lebaheun angen
rasa nu kiwari geus cacap lebah pangbelokan haté


Keretas-keretas calangap bangun halahab nunggu keclak aksara
minuhan lolongkrang pikiran
Bodas-hideung nadodoho,
Silih usik, silih tarung lebah dada
Ngelebét-ngelebét bandéra jeung madhab nu baheula ngalalakon

Lebah mana Lampu nu baranang?
Kalebah mana rusiah diteuleum ?
Kiwari ukur nunggu girimis nu miripis ninggangan haté
Sabot anteng ngahuleng dipiring asmarandana

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"