Saturday, October 20, 2012

nyaliksik diri

peuting nu simpe di parende sora jangkrik jeung caricangkas matak kelar ka mangsa lawas, ras ka gagas keur mangsa lengoh
breh narembongan lalampahan nu geus kaliwat
ngaliwet unggal peuting euweuh kabosen laukna lauk asin lalabna saaya aya sambelna sambel goang gahar make cikur. beres dahar sehah reumbay ci mata da puguh sambelna lada pisan
kolebat deui beungeut sobat sobat anu layeut nu ayeuna nyebar kaditu kadieu, geus jarang panggih sataun sakalige lamun kaparengan bae
mangsa harita taya ka rempan taya kasieun euweuh bangbaluh estuning hirup merdeka tina sagala rupa
tara loba nu di pikiran cukup ku basa kumaha engke
jauh pisan jeun ayeuna hirupteh asa heureut pakeun pondok lengkah
narekah teu aya petotna usaha teu aya capena
ngan meureun nasib diri bagja awak kudu kieu
ahirna pasrah tapi euweuh madsud nyerah rek terus usaha ngupayakeun kahayang

No comments:

Post a Comment

Silahkan anda berkomentar, namun tetap jaga kesopanan dengan tidak melakukan komentar spam.

Tarling Cirebon "JALUK IMBUH"